Kang Kabayan, rek ngacaprak yeuh kuring, mempeng isuk kenah. Keun wae teu nyambung oge, da lieur jaman kiwari mah. Mun noong kana kontribusi BBM pikeun APBN ngan 30%, anu 70% na ti sektor pajak. Aya lima alasan ceumah pamarentah naekeun BBM 1. Nyaeta pikeun rahayat leutik. Ceunah kiwari 10% jalma benghar ngagunakeun duit Rp. 5,8 trilyun ti subsidi BBM, samantara eta 10% jalma miskin ngagunakeun Rp. 500 milyar subsidi BBM. Ari anu kaasup jalma benghar teh nu kumaha nyah? Naha ukuranna gaji 10 juta ka luhur kitu? Da ningali budaya masyarakat urang pan sok gagayaeun, kara gaji opat juta atawa lima juta geus hayang boga wahon, najan eta wahon geus kadaluarsa, anu penting hebring. Noong kana konsumsi subsidi BBM geuning jalma miskin saeutik ngan 10%, tapi kunaon kanaekan ieu loba anu nentang? Tapi basa korupsi aya di sayang Pajak, kunaon masyarakat henteu nentang turun ka jalan supaya birokrasi di Dirjen pajak di reformasi jeung mengaudit sakabeh pagawena, mun aya indikasi terlibat korupsi atuh pecat bin penjarakeun wae. Pan sektor pajak mere kontribusi panggedena ka APBN, sanes? 2. Kanaekan BBM ditempo sajalan jeung upaya panghematan jeung nyiptakeun energi terbarukan? He...he.. alasan ieu sarua jeung bodong, mun produksi otomotif dibere kabebasan henteu aya proteksina, atuh kumaha, meureun eta alamayah di jalan anu dampakna nyedot pamakean BBM, sanes? 3. Dana anu saencana digunakeun pikeun subsidi BBM bisa dialihkeun pikeun pembangunan infrastruktur? He..he..sarua bodong, da buktina loba sakola ambrol, jalan butut bin goreng, loba fasilitas kasehatan Puskesmas oge butut bin goreng. 4. Pangurangan subsidi BBM baris neken kasus panyulundupan BBM ka nagara sejen (tatangga). Ceunah kiwari harga BBM di Singapura Rp. 15.000 per liter, di Malaysia Rp. 6.000 per liter. Ieu meureun sarua bae jeung konsumsi subsidi BBM anu dipake ku jalma benghar. Mun pamarentah konsisten dina pangawasan penggunaan subsidi BBM khusus pikeun jalma miskin, atuh niscaya eta APBN moal jomplang. Alesan pamarentah ngurangan subsidi BBM pikeun nekan penyelundupan BBM ka luar nagreg henteu asup akal. Ceuk analisa Kwik Kian Gie, mun naek Rp. 500 perak APBN bisa katulungan, mun naekna Rp. 1.500 sesana anu trilyunan rupiah dipake naon? Naha lumpat ka partey pikeun ngalintuhkeun partey kitu? Solusi pamarentah dina kanaekan BBM pikeun jalma miskin nyaeta ngaluarkeun DBT alias dana bantuan langsung, jeung data jalma miskin ceuk BPS sakieu persen, naha beda jeung data anu diceukeul ku pamarentah. Solusi ieu pikeun ngubaran nyeuri huntu anu samantara waktu, mun urang rajin nongton TV Trans7 anu nayangkeun acara "KAUM MARGINAL" ngekpos kahirupan sapopoe maranehna sungguh menyedihkan dan memilikan. Heueuh aya istilah "Beurit paeh di jero leuit pare", can kacumponan amanat konstitusi nagara pikeun nyiptakeun Kaadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia, masih angan-angan belaka.
________________________________ Dari: Mang Kaby <[email protected]> Kepada: Senyum-ITB <[email protected]>; Alumni IPB <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]>; Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Kota Bogor <[email protected]> Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 17:23 Judul: [kisunda] Isu BBM Naik, Korupsi Tenggelam Bodoooooooor pisan euy. Begitulah politik ;), isu BBM naik ramai-2 dibicarakan begitu juga "demonstarasi" juga ramai dimana-mana teralihkan lah isu dan dosa- dosa korupsi para koruptor yang sempat mencuat namanya. Kalau jadi koruptor dan ingin bebas ini lah saatnya membantu membiayai para demonstran untuk membikin isu BBM ini makiiiin ramai dan makiiin hebooooh hehehe. Sementara itu dari dalam dibereskan semua kasus korupsi secara bijaksana dan sini agar bebaaas-baaaaas :). Saat ini juga ramai dagelan di berbagai media membicarakan kenaikan BBM. Belum lagi tuduhan demo yang bisa ditunggangi oleh siapapun... Ya siapapun termasuk yang menuduh juga bisa menunggangi xixixi. Padahaaaaaal disisi lain kalo kita datang ke Indomaret, Alfamart, dll... Itu harga produk-2 sudaaaaah pada naik xixixi. Anehnya ngak ada yang protees teeees :P. Naaaah para oposan juga anehnya ikut-2an lagi terpancing mau meramaikan bahas-2 kenaikan BBM, dia melupakan dosa-dosa utama para lawannya, kehilangan fokus n' kalah cerdas hehehe. Yaaah beginilah nasib bangsa pelupa... Di Indonesia semua harga-harga sudah naik... Yang turun cuman harga diriiiii :P. Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.balongkabayan.com "playing, swimming, dining, relaxing"
