> "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
> Satuju lah kang SP; ngacaprukna kang SP bakaal ditambahan deui ku 
> ngacaprukna kuring ayeuna.
> Saenyana lamun BBM naek. PES . TITIK. we di dinya teu naon2. Tapi 
> kumaha kajadian mu sabenerna ? hehehehe, satiap harga BBM naek, maka  > 
> harga2 bakal parebut paheula nerekel; gula hargana naek; Aci naek, 
> tarigu naek; susu keur baby naraek !@ Coba kumaha teu rek lieur 
> rahayat NKRI ?

Nu uing teu ngarti mah, naha ari beas naek, tara aya nu demo nya? Padahal harga 
beas turun-naek, tapi trendna mah nerekel terus. Beas jauh leuwih penting ti 
BBM, sabab ari beuteung mah teu bisa diisukeun ..hehehe. Aya dua kamungkinan 
kunaon beas siga nu leuwih teu berharga tibatan bengsin.

1. Naekkeun harga BBM ngaganggu "kasenangan" kelas menengah. Nu dimaksud kelas 
menengah didieu, kolompok masyarakat nu kaperluan hirup paling dasarna geus 
kacukupan (jadi geus teu mikirkeun deui harga beas sabaraha). Ku naekna harga 
BBM, jelas ngaganggu kelas menengah. Kelas menengah dimana-mana oge sok paling 
tarik sorana (vokal). Ceuk cenah mah, lamun jadi pamimpin , kudu ati-ati ulah 
ngaganggu kapentingan kelas menengah, sabab bisa ribut terus-terusan.

Sakadar ilsutrasi kumaha "gede sorana" golongan menengah nyaeta beja perkara 
Tomcat. Sarangga ieu asli Indonesia, ti baheula oge geus aya, jeung teu kungsi 
jadi perkara gede. Tapi waktu Tomcat "nganjang" ka apartemen di kota Surabaya, 
si Tomcat jadi beja "gede" nu matak geumpeur sarerea. "Tomcat" geus ngaganggu 
kelas menengah, pan nu ngeusian apartemen biasana kelas menengah.

2. BBM Naek efek psikologina gede, sabab hargana dianggerkeun/ diregulasi. Tah 
kumaha lamun siga harga beas sina ngiluan harga pasar we, turun naek. 
Kira-kirana efek psikologina leungit moal?


WLY


  











------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke