Satuju lah kang SP; ngacaprukna kang SP bakaal ditambahan deui ku ngacaprukna 
kuring ayeuna.

Saenyana lamun BBM naek. PES . TITIK. we di dinya teu naon2. Tapi kumaha 
kajadian mu sabenerna ? hehehehe, satiap harga BBM naek, maka harga2 bakal 
parebut paheula nerekel; gula hargana naek; Aci naek, tarigu naek; susu keur 
baby naraek !@ Coba kumaha teu rek lieur rahayat NKRI ?

Ari Pamerantah SOLUSINA selalu/senantiasa/unggal2 ngan bisa NEKEN RAKYAT ! 
Padahal maranehna GEDE hutang ka rakyat; teu mikirkeun kumaha solusina :

Solusi paling gampang naekkeun BBM ! Lantaran masing NGAMUK ge paling rahayat 
LUTIK ! Tapi mun nu dirugikeun kelompok kecil misalna UJENDRAL ! Langsung 
pamarentah moal neruskeun ! Da sieun !!!!!

Jadi ku sabab keunana kaa rakyat leutik; nya eta INFLASI akibat naek BBM jeung 
efek Psychologina ! maka hahargaan ampir di sagala bidang jeung sektor naraek 
!!!! Tah ieu saenyana nu matak RAKYAT RIBUT teh !

Naha ari kasus2 nu meleg2 ngarugikeun nagara; dipetieskeun !
Samodel :

1. Kasus Tahir nu boga simpenan di Spore jeung Swiss
2. Kasus BEA Cuke Pajak di Tanjung Priok 1978an
3. Kasus Bappindo/Edi Tanzil
4. Kasus Bank2 jeung BUMN nu sejenna nu Dirutna baleunghar ari BUMNna bangkrut
5. Kasus LEUTAK lapindo !
6. Kasus penyelewengan BLBI
7. Kasus Bank Sentury
8. Kasus GAYUS dan perpajakan
9. Kasus Antasari
10. Kasus Nurtanio
11. Kasus Munir diracun
12. Kasus maotna Bharuddin LOPA
13. Ditahanna mantan Kabareskrim Susno Dwaji
14. Masalah KPU

Jeung masih loba nu sejen2na deui !!!

Ieu teh kabeh ge ngan UKUR Jangji2 rek dituntaskeun; tapi euweuh BUKTINA; nu 
aya HUTANG can dibayar geus nyieun deui HUTANG anyar;
nya eta nyusahkeun rahayat oge. Rahayat deui 2X
kumaha atuh para pamimpin teh gareblek kabeh ?!
Urang ngan UKUR bisa CICING jeung ngahuleng, nempo para pamimpin gawena ngan 
NYUSAHKEUN ka rakyat !
 

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Kang Kabayan, rek ngacaprak yeuh kuring, mempeng isuk kenah. Keun wae teu 
> nyambung oge, da lieur jaman kiwari mah.
> Mun noong kana kontribusi BBM pikeun APBN ngan 30%, anu 70% na ti sektor 
> pajak. Aya lima alasan ceumah pamarentah naekeun BBM
> 1. Nyaeta pikeun rahayat leutik. Ceunah kiwari 10% jalma benghar ngagunakeun 
> duit Rp. 5,8 trilyun ti subsidi BBM, samantara eta 10% jalma miskin 
> ngagunakeun Rp. 500 milyar subsidi BBM.
> Ari anu kaasup jalma benghar teh nu kumaha nyah? Naha ukuranna gaji 10 juta 
> ka luhur kitu? Da ningali budaya masyarakat urang pan sok gagayaeun, 
> kara gaji opat juta atawa lima juta geus hayang boga wahon, najan eta wahon 
> geus kadaluarsa, anu penting hebring. 
> Noong kana konsumsi subsidi BBM geuning jalma miskin saeutik ngan 10%, tapi 
> kunaon kanaekan ieu loba anu nentang? Tapi basa korupsi aya di sayang Pajak, 
> kunaon masyarakat henteu nentang turun ka jalan supaya birokrasi di Dirjen 
> pajak di reformasi jeung mengaudit sakabeh pagawena, mun aya indikasi 
> terlibat korupsi atuh pecat bin penjarakeun wae. Pan sektor pajak mere 
> kontribusi panggedena ka APBN, sanes?
>  
> 2. Kanaekan BBM ditempo sajalan jeung upaya panghematan jeung nyiptakeun 
> energi terbarukan? He...he.. alasan ieu sarua jeung bodong, mun produksi 
> otomotif dibere kabebasan henteu aya proteksina, atuh kumaha, meureun eta 
> alamayah di jalan anu dampakna nyedot pamakean BBM, sanes?
>  
> 3. Dana anu saencana digunakeun pikeun subsidi BBM bisa dialihkeun pikeun 
> pembangunan infrastruktur? He..he..sarua bodong, da buktina loba sakola 
> ambrol, jalan butut bin goreng, loba fasilitas kasehatan Puskesmas oge butut 
> bin goreng. 
>  
> 4. Pangurangan subsidi BBM baris neken kasus panyulundupan BBM ka nagara 
> sejen (tatangga). Ceunah kiwari harga BBM di Singapura Rp. 15.000 per liter, 
> di Malaysia Rp. 6.000 per liter. Ieu meureun sarua bae jeung  konsumsi 
> subsidi BBM anu dipake ku jalma benghar. Mun pamarentah konsisten dina 
> pangawasan penggunaan subsidi BBM khusus pikeun jalma miskin, atuh niscaya 
> eta APBN moal jomplang. Alesan pamarentah ngurangan subsidi BBM pikeun nekan 
> penyelundupan BBM ka luar nagreg henteu asup akal. 
> Ceuk analisa Kwik Kian Gie, mun naek Rp. 500 perak APBN bisa katulungan, mun 
> naekna Rp. 1.500 sesana anu trilyunan rupiah dipake naon? Naha lumpat ka 
> partey pikeun ngalintuhkeun partey kitu?
>  
> Solusi pamarentah dina kanaekan BBM pikeun jalma miskin nyaeta ngaluarkeun 
> DBT alias dana bantuan langsung, jeung data jalma miskin ceuk BPS sakieu 
> persen, naha beda jeung data anu diceukeul ku pamarentah. Solusi ieu pikeun 
> ngubaran nyeuri huntu anu samantara waktu, mun urang rajin nongton TV Trans7 
> anu nayangkeun acara "KAUM MARGINAL" ngekpos kahirupan sapopoe maranehna 
> sungguh menyedihkan dan memilikan. Heueuh aya istilah "Beurit paeh di jero 
> leuit pare", can kacumponan amanat konstitusi nagara pikeun nyiptakeun 
> Kaadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia, masih angan-angan belaka.
>  
>     
> 
> ________________________________
>  Dari: Mang Kaby <dkabayan@...>
> Kepada: Senyum-ITB <[email protected]>; Alumni IPB 
> <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]>; 
> Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; 
> Kota Bogor <[email protected]> 
> Dikirim: Senin, 26 Maret 2012 17:23
> Judul: [kisunda] Isu BBM Naik, Korupsi Tenggelam
>   
> 
>  
>    
>  
> Bodoooooooor pisan euy.
> 
> Begitulah politik ;), isu BBM naik ramai-2 dibicarakan begitu juga 
> "demonstarasi" juga ramai dimana-mana teralihkan lah isu dan dosa- dosa 
> korupsi para koruptor yang sempat mencuat namanya.
> 
> Kalau jadi koruptor dan ingin bebas ini lah saatnya membantu membiayai para 
> demonstran untuk membikin isu BBM ini makiiiin ramai dan makiiin hebooooh 
> hehehe. Sementara itu dari dalam dibereskan semua kasus korupsi secara 
> bijaksana dan sini agar bebaaas-baaaaas :).
> 
> Saat ini juga ramai dagelan di berbagai media membicarakan kenaikan BBM. 
> Belum lagi tuduhan demo yang bisa ditunggangi oleh siapapun... Ya siapapun 
> termasuk yang menuduh juga bisa menunggangi xixixi.
> 
> Padahaaaaaal disisi lain kalo kita datang ke Indomaret, Alfamart, dll... Itu 
> harga produk-2 sudaaaaah pada naik xixixi. Anehnya ngak ada yang protees 
> teeees :P. 
> 
> Naaaah para oposan juga anehnya ikut-2an lagi terpancing mau meramaikan 
> bahas-2 kenaikan BBM, dia melupakan dosa-dosa utama para lawannya, kehilangan 
> fokus n' kalah cerdas hehehe. 
> Yaaah beginilah nasib bangsa pelupa... 
> 
> Di Indonesia semua harga-harga sudah naik... Yang turun cuman harga diriiiii 
> :P.
> 
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.balongkabayan.com
> "playing, swimming, dining, relaxing"
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke