Fikmin - Roti Tortilla Gandum
Asa bosen, unggal isuk sasarap mié instan. Najan sok diselang bubur, mihun, ogé instan. Enya praktisna mah, kapan instan téa. Kadar kari naheur cai. Dikekeb dina mangkok pengpet-hawa, maké cai anyar ngagolak, lima menit sayaga. Sop mié Soto Medan ngabagug, ngebul luhureun méja. Ngulincer di Super Markét, niténan mangpirang roti. Paneuteup eunteup kanu buleud-gépéng, tortilla, roti Spanyol. "Asa hayang ngasaan," ceuk pikir téh, "itung-itung ngawarah létah sangkan teu gugon teuing kana kejo." Kop kanu semu kondang rada géhéng tapak dibeuleum, Roti Tortilla Gandum. Dibaturan cikopi hideung ngelun, panon anteng neuteup tortilla. Asa geus heubeul wawuh, ngan teuing dimana. Ras inget ka Ceu Anah di lembur, sok ngabangkerok. Enya, sidik jiga ongér ketan. Gerewek digégél. Leng deui, ieu rasa, asa geus lawas tepung. Inget ka Ema, sok ngolah papais sekul. Heueuh, sidik asa papais sekul. Bangkerok kétan semu géhéng dipurulukan rendosan uyah, céngék jeung cikur, geus waktuna midang di Super Markét. ***
