Atuh ku sabab kaget, si Bejo nepi ka batuk, dagingna nu keur
didahar jadi kalepehkeun. Jalma karunyaeun oge nempo kalakuan si Bejo, da
memang enya pasti geus lapar pisan; manehna oge ngarasa lapar; terus wae
ngomong :”Nya geus kapalang, sok we teruskeun daharna. Eh para paman sok
kadarieu; geus dipasak kieu mah mubajir dipiceun sok ayeuna urang dalahar 
bareng.”

Belasan jelema aratoheun pisan, terus we milu dahar, da
memang kaciri maranehna lapareun pisan kabehanana oge; ngan maranehna rada
sieuneun ku si Bejo; mus2 lieuk mus2 lieuk ka Ki Bejo. Ahirna Si Bejo
ngomong:”Eh mun cek Jalma meunang dahar hartina maraneh meunang ! Sok we
kadinyah sing sareubeuh; hayu urang pasegut segut !”

Tapi nyata nu pang segutna jeung panggembulna mah angger we
Si Bejo; manehna lain wae sapingping; malah nyokot deui sapingping; nepi ka
Jalma ge molohok heran nempo gembulna eta si Bejo.

Sanggeus rengse dalahar daging embe; terus we Jalma nanyakeun
ti mana maling eta embe; atuh ku pananya kitu teh mani sarepa eta belasan
jelema teh; maranehna nyangka yen bakal dilaporkeun jeung maranehna dihukum.
Jalma maphum, langsung wae ngomong:”Yeuh paman2 sakabeh, urang ayeuna geus
ngadahar daging embe nu lain hak urang; urang kudu menta maap jeung mayar eta
harga embe; jeung jangji moal sakali kali deui maling.”

Lain reugreug eta belasaan jelema teh, tapi kaciri beuki sepa
malah aya nu hing2 ceurik, bari ampun2an cenah mayar ti mendi, sagala teu
gableg kieu cenah. Jalma seuri terus nyarita, yen masalah duitna mah kumaha
Jalma wae rek dibayar ku Jalma !

Lain ngan ukur belasan jelema wungkul, nu karaget ngadenge
omongan Jalma kitu teh; dalah Ki Bejo ge heraneun; padahal cek hatena; geus
seubeuh mah leos indit; geus moal aya urusan deui ! jeung saha jelemana nu
bakal neangan Jalma jeung aing; naha ieu Jalma teu puguh2 neangan masalah ? ah
persis oray nu ngadagoan panggebuk. Lamun eta jelema nu kapalingan sadrah ? Mun
henteu ? Wah RUNYAM ! cek hatena Ki Bejo.

Salian ti karaget, eta jelema belasan teh rada reugreug ku
omongan Jalma kitu; ngan kaciri ti na pasemon eta nu belasan henteu yakin, yen
urusan bakal beres kitu wae. Jalma teu loba mikir deui terus we nuju ka tempat
nu boga embe, dituduhkeun ku eta belasan urang lembur.

Eta lembur teh disebutna Dukuh Batu Urip; dukuh = kampung .
Ari nu ngawasa eta dukuh, nya eta Demang Joyo Mertoyo; barang Jalma datang ka
imah Demang Mertoyo; Jalma Kacida kagetna lantaran nempo aya puluhan jelema
keur dariuk ngariung di alun2 hareupeun imah Demang; Ki Joyo Mertoyo kaciri
keur nulak cangkeng dihareupeun imahna nyanghareupan puluhan jelema nu ngariung
bari ngareluk; tonggongna nu teu marake baju kaciri garalangan tapak pecutan;
di sakuriling eta jelema2 nu tarugkul kaciri aya puluhan jelema anu daredeg
bari marawa pakarang; boh tumbak; boh gobang, pasemonna matak pikagigiseun;
ditambah belasan jelema nu daredeg oge marawa pecut; meureun eta teh para
logojo Kademangan.Cing kumaha terasna ? aya nu ngabayangkeun teu ?Cik kang Yani 
kainyah.
HANCA


Kirim email ke