Hatur nuhun Bah.. ulah lami teuing ah ngantosan terasanna.
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Amin Sent: Thursday, April 12, 2012 2:15 PM To: kisunda; urangsunda Subject: [kisunda] Cersil Sunda Ka 155 Atuh ku sabab kaget, si Bejo nepi ka batuk, dagingna nu keur didahar jadi kalepehkeun. Jalma karunyaeun oge nempo kalakuan si Bejo, da memang enya pasti geus lapar pisan; manehna oge ngarasa lapar; terus wae ngomong :”Nya geus kapalang, sok we teruskeun daharna. Eh para paman sok kadarieu; geus dipasak kieu mah mubajir dipiceun sok ayeuna urang dalahar bareng.” Belasan jelema aratoheun pisan, terus we milu dahar, da memang kaciri maranehna lapareun pisan kabehanana oge; ngan maranehna rada sieuneun ku si Bejo; mus2 lieuk mus2 lieuk ka Ki Bejo. Ahirna Si Bejo ngomong:”Eh mun cek Jalma meunang dahar hartina maraneh meunang ! Sok we kadinyah sing sareubeuh; hayu urang pasegut segut !” Tapi nyata nu pang segutna jeung panggembulna mah angger we Si Bejo; manehna lain wae sapingping; malah nyokot deui sapingping; nepi ka Jalma ge molohok heran nempo gembulna eta si Bejo. Sanggeus rengse dalahar daging embe; terus we Jalma nanyakeun ti mana maling eta embe; atuh ku pananya kitu teh mani sarepa eta belasan jelema teh; maranehna nyangka yen bakal dilaporkeun jeung maranehna dihukum. Jalma maphum, langsung wae ngomong:”Yeuh paman2 sakabeh, urang ayeuna geus ngadahar daging embe nu lain hak urang; urang kudu menta maap jeung mayar eta harga embe; jeung jangji moal sakali kali deui maling.” Lain reugreug eta belasaan jelema teh, tapi kaciri beuki sepa malah aya nu hing2 ceurik, bari ampun2an cenah mayar ti mendi, sagala teu gableg kieu cenah. Jalma seuri terus nyarita, yen masalah duitna mah kumaha Jalma wae rek dibayar ku Jalma ! Lain ngan ukur belasan jelema wungkul, nu karaget ngadenge omongan Jalma kitu teh; dalah Ki Bejo ge heraneun; padahal cek hatena; geus seubeuh mah leos indit; geus moal aya urusan deui ! jeung saha jelemana nu bakal neangan Jalma jeung aing; naha ieu Jalma teu puguh2 neangan masalah ? ah persis oray nu ngadagoan panggebuk. Lamun eta jelema nu kapalingan sadrah ? Mun henteu ? Wah RUNYAM ! cek hatena Ki Bejo. Salian ti karaget, eta jelema belasan teh rada reugreug ku omongan Jalma kitu; ngan kaciri ti na pasemon eta nu belasan henteu yakin, yen urusan bakal beres kitu wae. Jalma teu loba mikir deui terus we nuju ka tempat nu boga embe, dituduhkeun ku eta belasan urang lembur. Eta lembur teh disebutna Dukuh Batu Urip; dukuh = kampung . Ari nu ngawasa eta dukuh, nya eta Demang Joyo Mertoyo; barang Jalma datang ka imah Demang Mertoyo; Jalma Kacida kagetna lantaran nempo aya puluhan jelema keur dariuk ngariung di alun2 hareupeun imah Demang; Ki Joyo Mertoyo kaciri keur nulak cangkeng dihareupeun imahna nyanghareupan puluhan jelema nu ngariung bari ngareluk; tonggongna nu teu marake baju kaciri garalangan tapak pecutan; di sakuriling eta jelema2 nu tarugkul kaciri aya puluhan jelema anu daredeg bari marawa pakarang; boh tumbak; boh gobang, pasemonna matak pikagigiseun; ditambah belasan jelema nu daredeg oge marawa pecut; meureun eta teh para logojo Kademangan. Cing kumaha terasna ? aya nu ngabayangkeun teu ? Cik kang Yani kainyah. HANCA _____ No virus found in this message. Checked by AVG - www.avg.com Version: 2012.0.1913 / Virus Database: 2411/4929 - Release Date: 04/11/12
