Hahahaha, ayeuna mah saratus kanggo kang Yani.

--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> Kumargi Demang teh menak jeung berpendidikan, sigana "diplomasi" Jalma, 
> hasilna nyugemakeun teu kedah aya adu otot, atanapi tarung sagala. Komo 
> digantian ku duit gulden.
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Sent: Thursday, April 12, 2012 12:14 AM
> Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda Ka 155
>  
> 
>   
> Atuh ku sabab kaget, si Bejo nepi ka batuk, dagingna nu keur
> didahar jadi kalepehkeun. Jalma karunyaeun oge nempo kalakuan si Bejo, da
> memang enya pasti geus lapar pisan; manehna oge ngarasa lapar; terus wae
> ngomong :”Nya geus kapalang, sok we teruskeun daharna. Eh para paman sok
> kadarieu; geus dipasak kieu mah mubajir dipiceun sok ayeuna urang dalahar 
> bareng.”
> Belasan jelema aratoheun pisan, terus we milu dahar, da
> memang kaciri maranehna lapareun pisan kabehanana oge; ngan maranehna rada
> sieuneun ku si Bejo; mus2 lieuk mus2 lieuk ka Ki Bejo. Ahirna Si Bejo
> ngomong:”Eh mun cek Jalma meunang dahar hartina maraneh meunang ! Sok we
> kadinyah sing sareubeuh; hayu urang pasegut segut !”
> Tapi nyata nu pang segutna jeung panggembulna mah angger we
> Si Bejo; manehna lain wae sapingping; malah nyokot deui sapingping; nepi ka
> Jalma ge molohok heran nempo gembulna eta si Bejo.
> Sanggeus rengse dalahar daging embe; terus we Jalma nanyakeun
> ti mana maling eta embe; atuh ku pananya kitu teh mani sarepa eta belasan
> jelema teh; maranehna nyangka yen bakal dilaporkeun jeung maranehna dihukum.
> Jalma maphum, langsung wae ngomong:”Yeuh paman2 sakabeh, urang ayeuna geus
> ngadahar daging embe nu lain hak urang; urang kudu menta maap jeung mayar eta
> harga embe; jeung jangji moal sakali kali deui maling.”
> Lain reugreug eta belasaan jelema teh, tapi kaciri beuki sepa
> malah aya nu hing2 ceurik, bari ampun2an cenah mayar ti mendi, sagala teu
> gableg kieu cenah. Jalma seuri terus nyarita, yen masalah duitna mah kumaha
> Jalma wae rek dibayar ku Jalma !
> Lain ngan ukur belasan jelema wungkul, nu karaget ngadenge
> omongan Jalma kitu teh; dalah Ki Bejo ge heraneun; padahal cek hatena; geus
> seubeuh mah leos indit; geus moal aya urusan deui ! jeung saha jelemana nu
> bakal neangan Jalma jeung aing; naha ieu Jalma teu puguh2 neangan masalah ? ah
> persis oray nu ngadagoan panggebuk. Lamun eta jelema nu kapalingan sadrah ? 
> Mun
> henteu ? Wah RUNYAM ! cek hatena Ki Bejo.
> Salian ti karaget, eta jelema belasan teh rada reugreug ku
> omongan Jalma kitu; ngan kaciri ti na pasemon eta nu belasan henteu yakin, yen
> urusan bakal beres kitu wae. Jalma teu loba mikir deui terus we nuju ka tempat
> nu boga embe, dituduhkeun ku eta belasan urang lembur.
> Eta lembur teh disebutna Dukuh Batu Urip; dukuh = kampung .
> Ari nu ngawasa eta dukuh, nya eta Demang Joyo Mertoyo; barang Jalma datang ka
> imah Demang Mertoyo; Jalma Kacida kagetna lantaran nempo aya puluhan jelema
> keur dariuk ngariung di alun2 hareupeun imah Demang; Ki Joyo Mertoyo kaciri
> keur nulak cangkeng dihareupeun imahna nyanghareupan puluhan jelema nu 
> ngariung
> bari ngareluk; tonggongna nu teu marake baju kaciri garalangan tapak pecutan;
> di sakuriling eta jelema2 nu tarugkul kaciri aya puluhan jelema anu daredeg
> bari marawa pakarang; boh tumbak; boh gobang, pasemonna matak pikagigiseun;
> ditambah belasan jelema nu daredeg oge marawa pecut; meureun eta teh para
> logojo Kademangan.
> Cing kumaha terasna ? aya nu ngabayangkeun teu ?
> Cik kang Yani kainyah.
> 
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke