Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung (2)
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda


Ki Mas Tanu Dipénta Kasanggupan
Ku Haji Prawatasari

Catetan Aan Merdéka Permana


Kuciwa ku sawarga
Sunda téh galuh
Tapi loba anu ngabobodo manéh
Ngan keun baé
Ari réa kénéh anu buméla mah
Meusingkeun teu patutur-tutur ogé

Kami teu boga wasa jang méré harepan
Ténjo wé engké
Ka mana jigna
Ka mana jugna
ka mana jagna
kumaha ketak Sunda kiwari
tuturkeun wé
Kami percaya
Ka kami geus moal aya
nu ngajayakeun diri kami
tarima wé!

- Ucapan Ki Tanujiwa


KI Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh jalma pinter dina jamanna. Keur jajaran
bangsa pribumi mah, manéhna téh kaasup anu nyongcolang, boh dina cita-cita
boh dina mikir. Ku sawatara catetan sajarah, Tanujiwa digambarkeun mangrupa
jalma anu gedé ambisina. Ari jalma pinter dina jaman harita ukur boga dua
pilihan. Lamun teu ngalawan ka Kumpeni, nya sabalikna kudu biluk ka
Kumpeni. Ceuk pikirna, jalma pinter lamun hayang ngahontal cita-cita jeung
ambisina, nya kudu boga kakuatan. Tétéla kakuatan anu ku manéhna dipilih
mah, kakuatan Kumpeni.

Ki Mas Tanu jauh-jauh datang ti Sumedanglarang ka tatar Pakuan (Bogor),
maksud nu utama hayang nyukcruk galur riwayat Pajajaran. Manéhna panasaran,
naon sababna Pakuan Pajajaran burak kira saratus taun nu kaliwat. Ki Mas
Tanu mireungeuh, Kumpeni boga kakuatan pikeun dipaké boncéngan cita-citana.
Angot harita, Sersan Piéter Scipio keur mingpin ékspédisi nyukcruk lalangsé
urut Karaton Pajajaran. Atuh blus wé manéhna milu gabung ka Kumpeni atawa
VOC. Ki Mas Tanu jadi anggota tentara Kumpeni. Malah ku sabab
kapinteranana, manéhna ahirna boga pangkat Létnan, hiji pangkat anu kacida
luhurna keur pangkat bangsa pribumi mah. Sanggeus sanggup ngabukbak
sisi-sisi leuweung Pajajaran keur dibuka jadi lahan perkebunan, tur hasilna
karasa jadi komoditi Kumpeni eksporeun ka Eropa, reputasi Ki Mas Tanu beuki
nérékél baé. Malah ku sabab di éta tempat dugdeg kampung-kampung anyar, éta
wewengkon robah jadi patempatan ramé. Kumpeni perlu naékkeun status jadi
wewengkon kabupatian. Nu jadi bupati munggaran taya lian iwal ti Létnan
Kumpeni Tanujiwa.

Ngan baé salila jadi pangkat, Tanujiwa teu weléh diririwaan ku kaceuceub
bangsana sorangan. Tanujiwa dianggap hianat. Batur-batur bajoang hayang
ngusir penjajah, ieu kalahka ulun kumawula.

Tanujiwa teu tarima dituding hianat. Sabab ceuk pikirna, pikeun naekkeun
darajat bangsana, kudu aya anu sanggup cicing di jero kakuatan nu keur aya.
Euweuh deui carana, iwal ti milu kana kakawasaan. Sual dianggap ngakaya
rahayat Priangan dina maksa-maksa melak tutuwuhan komoditas, Ki Tanujiwa
ogé teu tarima. Ceuk manéhna, rahayat Priangan anu sumedeng lara-balangsak,
kudu dibéré lahan pagawéan, carana ku ngabukbak leuweung dijadikeun lahan
perkebunan, tur ambarahayat boga pangasilan. Ceuk catetan sajarah Bogor
jeung Cianjur disebutkeun, sanggeus dugdeg perkebunan, pamaréntah kolonial
méré kawajiban sangkan rayat melak tutuwuhan komoditas keur bahan ékspor ka
Éropa. Contona, tina sapikul daun tarum, Kumpeni meuli saharga 17 gulden.
Éta diémbarkeun ka sakumna bupati sa Priangan. Ngan baé, harga sakitu téh
teu tepi ka masartakat kebon, sabab sanggeus jadi kawijaban kepala désa
jeung mandor kebon, hargana beuki nyirorot. Malah aya pagawé kebon anu ukur
dibayar ku béas jeung lauk asin. Bari kituna téh para centéng mah
maksa-mirusa sangkan pagawé kudu minuhan targét. Mun teu cumpon bakal
dirangkét.

Tah, di dieu mimitina lahir gerakan rakyat, boh rayat Priangan boh rayat
Banten pikeun ngalawan Kumpeni. Malah ti Jampang lahir hiji kakuatan rayat
anu diluluguan ku Haji Prawatasari. Maranéhna taya kendatna ngajorag
kakuatan-kakuatan Kumpeni di satatar Priangan, tur matak geumpeur keur
Kumpeni. Kabéjakeun loba karugian anu dirasakeun ku Kumpeni. Malah dina
jaman éta timbul résési ékonomi. Loba rayat anu ngungsi sieun kabarérang.
Pasukan Haji Prawatasari nguwak-ngawik, di antarana teu weléh ngakalakeun
para pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni. Loba pangagung Priangan
dipaténi, kajaba Ki Tanujiwa salamet teu cécél teu bocél. Ka dieunakeun
kanyahoan, Ki Tanujiwa, Bupati Bogor téh saéngko biluk ka Haji Prawatasari.
Kanyahoanana sanggeus saban pasukan Haji Prawatasari ngajorag
wilayah-wilayah Bogor, saurang gé teu kungsi kacangkalak. Éta mana bisa
kitu téh alatan dibantuan ku Ki Tanujiwa. Bupati Bogor anu ngaran Tanujiwa,
diséréd ka Standhuijs (pangadilan di Batavia, ayeuna Gedong Museum
Fatahillah). Di dinya Tanujiwa ditibanan hukuman buang 50 taun ka Afrika
Kidul, malah maotna gé di ditu.

*** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Kirim email ke