Nuhun pedaranna kang Aan...
>________________________________ > From: Ki Hasan <[email protected]> >To: Ki Sunda <[email protected]> >Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda ><[email protected]> >Sent: Friday, 13 April 2012 9:51 AM >Subject: [kisunda] Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 2 > > > >Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung (2) >Ku Aan Merdeka Permana >Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda > > >Ki Mas Tanu Dipénta Kasanggupan >Ku Haji Prawatasari > >Catetan Aan Merdéka Permana > > >Kuciwa ku sawarga >Sunda téh galuh >Tapi loba anu ngabobodo manéh >Ngan keun baé >Ari réa kénéh anu buméla mah >Meusingkeun teu patutur-tutur ogé > >Kami teu boga wasa jang méré harepan >Ténjo wé engké >Ka mana jigna >Ka mana jugna >ka mana jagna >kumaha ketak Sunda kiwari >tuturkeun wé >Kami percaya >Ka kami geus moal aya >nu ngajayakeun diri kami >tarima wé! > >- Ucapan Ki Tanujiwa > > >KI Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh jalma pinter dina jamanna. Keur jajaran >bangsa pribumi mah, manéhna téh kaasup anu nyongcolang, boh dina cita-cita boh >dina mikir. Ku sawatara catetan sajarah, Tanujiwa digambarkeun mangrupa jalma >anu gedé ambisina. Ari jalma pinter dina jaman harita ukur boga dua pilihan. >Lamun teu ngalawan ka Kumpeni, nya sabalikna kudu biluk ka Kumpeni. Ceuk >pikirna, jalma pinter lamun hayang ngahontal cita-cita jeung ambisina, nya >kudu boga kakuatan. Tétéla kakuatan anu ku manéhna dipilih mah, kakuatan >Kumpeni. > >Ki Mas Tanu jauh-jauh datang ti Sumedanglarang ka tatar Pakuan (Bogor), maksud >nu utama hayang nyukcruk galur riwayat Pajajaran. Manéhna panasaran, naon >sababna Pakuan Pajajaran burak kira saratus taun nu kaliwat. Ki Mas Tanu >mireungeuh, Kumpeni boga kakuatan pikeun dipaké boncéngan cita-citana. Angot >harita, Sersan Piéter Scipio keur mingpin ékspédisi nyukcruk lalangsé urut >Karaton Pajajaran. Atuh blus wé manéhna milu gabung ka Kumpeni atawa VOC. Ki >Mas Tanu jadi anggota tentara Kumpeni. Malah ku sabab kapinteranana, manéhna >ahirna boga pangkat Létnan, hiji pangkat anu kacida luhurna keur pangkat >bangsa pribumi mah. Sanggeus sanggup ngabukbak sisi-sisi leuweung Pajajaran >keur dibuka jadi lahan perkebunan, tur hasilna karasa jadi komoditi Kumpeni >eksporeun ka Eropa, reputasi Ki Mas Tanu beuki nérékél baé. Malah ku sabab di >éta tempat dugdeg kampung-kampung anyar, éta wewengkon robah jadi patempatan >ramé. Kumpeni perlu naékkeun status jadi wewengkon kabupatian. Nu jadi bupati munggaran taya lian iwal ti Létnan Kumpeni Tanujiwa. > >Ngan baé salila jadi pangkat, Tanujiwa teu weléh diririwaan ku kaceuceub >bangsana sorangan. Tanujiwa dianggap hianat. Batur-batur bajoang hayang ngusir >penjajah, ieu kalahka ulun kumawula. > >Tanujiwa teu tarima dituding hianat. Sabab ceuk pikirna, pikeun naekkeun >darajat bangsana, kudu aya anu sanggup cicing di jero kakuatan nu keur aya. >Euweuh deui carana, iwal ti milu kana kakawasaan. Sual dianggap ngakaya >rahayat Priangan dina maksa-maksa melak tutuwuhan komoditas, Ki Tanujiwa ogé >teu tarima. Ceuk manéhna, rahayat Priangan anu sumedeng lara-balangsak, kudu >dibéré lahan pagawéan, carana ku ngabukbak leuweung dijadikeun lahan >perkebunan, tur ambarahayat boga pangasilan. Ceuk catetan sajarah Bogor jeung >Cianjur disebutkeun, sanggeus dugdeg perkebunan, pamaréntah kolonial méré >kawajiban sangkan rayat melak tutuwuhan komoditas keur bahan ékspor ka Éropa. >Contona, tina sapikul daun tarum, Kumpeni meuli saharga 17 gulden. Éta >diémbarkeun ka sakumna bupati sa Priangan. Ngan baé, harga sakitu téh teu tepi >ka masartakat kebon, sabab sanggeus jadi kawijaban kepala désa jeung mandor >kebon, hargana beuki nyirorot. Malah aya pagawé kebon anu ukur dibayar ku béas jeung lauk asin. Bari kituna téh para centéng mah maksa-mirusa sangkan pagawé kudu minuhan targét. Mun teu cumpon bakal dirangkét. > >Tah, di dieu mimitina lahir gerakan rakyat, boh rayat Priangan boh rayat >Banten pikeun ngalawan Kumpeni. Malah ti Jampang lahir hiji kakuatan rayat anu >diluluguan ku Haji Prawatasari. Maranéhna taya kendatna ngajorag >kakuatan-kakuatan Kumpeni di satatar Priangan, tur matak geumpeur keur >Kumpeni. Kabéjakeun loba karugian anu dirasakeun ku Kumpeni. Malah dina jaman >éta timbul résési ékonomi. Loba rayat anu ngungsi sieun kabarérang. Pasukan >Haji Prawatasari nguwak-ngawik, di antarana teu weléh ngakalakeun para >pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni. Loba pangagung Priangan dipaténi, >kajaba Ki Tanujiwa salamet teu cécél teu bocél. Ka dieunakeun kanyahoan, Ki >Tanujiwa, Bupati Bogor téh saéngko biluk ka Haji Prawatasari. Kanyahoanana >sanggeus saban pasukan Haji Prawatasari ngajorag wilayah-wilayah Bogor, >saurang gé teu kungsi kacangkalak. Éta mana bisa kitu téh alatan dibantuan ku >Ki Tanujiwa. Bupati Bogor anu ngaran Tanujiwa, diséréd ka Standhuijs (pangadilan di Batavia, ayeuna Gedong Museum Fatahillah). Di dinya Tanujiwa ditibanan hukuman buang 50 taun ka Afrika Kidul, malah maotna gé di ditu. > >*** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh > > > > >
