Analisa tiap Group. Group A : Poland – Greece – Russia – Czech Rep. Kira2 di ieu Group kakuatanana ampir rata. Jadi peluang tiap team jadi Juaraa Group A 25 – 25 – 25 – 25 Ngan rada leuwih unggul saeutik ti nu sejen , nya eta Poland, lantaran tuan rumah tea. Kumaha kakuatan nu sejenna ? Saenyana di Group A ieu mah asana euweuh Favorit; ngan kabiasaan Greece teu pati dipandang; nya asup kuda Hideung lah. Da euweuh nu kaasup underdog; pek we Greece kungsi jadi Jawara kapan. Atuh Czech oge team cukup tangguh; ieu mah pas pisan disebut Kuda Hideung teh, Ari Russia; tah ieu sigana Team nu rada disebut KUAT di Group A mah. Jadi kamungkinan gede urutan nu jadi Juara Group A : 1. Russia 2. Poland 3. Czech 4. Greece Kumaha di Group B ? Netherlans – Denmark – Germany – Portugal Teamna TEUAS kabeh. 4 Team teh enyaan euweuh nu lembek. Netherlands, bisa jadi difavoritkeun , lantaran Runner Up Worldcup 2010 di Afsel. Denmark, kaasup Team Kuat; ngan di na group ieu bisa jadi diasupkeun ka na Team Underdog, paling luhur jadi Kuda Hideung. Germany – Pasti Team paling difavoritkeun; lain wae jadi Juara Group, tapi oge Juara Euro2012 ! Memang Team Germany Team pang stabilna; boh di lini hareup ; tengah atawa tukang; kakuatanana RATA. Jeung ieu Team teh, ti baheula tara ngafavoritkeun teuing Individu; kabeh rata disagala garis/lini. TeamWork/gawe babarengan dijaga pisan. Jeung maranehnaa boga rasa sentimen Nasionalisme na cukup badag. Sigana mah, keur waktu ieu moal aya nu bisa nendengan kastabilan Team Germany; masing enya ge eleh ku Spain dua kali ! Tapi tetep sacara Team Germany pang tanggohna. Uber Alles. Portugal ! Ieu mah asli KUDA Hideung; bisa nyusahkeun team mana wae oge ! Hese oge saha nu bakal asup di ieu Group B. Tapi kuring nyekel kieu : 1. Germany 2. Netherlands 3. Portugal 4. Denmark Kumaha di Group C ? Spain – Italy – Ireland Rep, - Croatia. Sigana Ireland Rep. jadi Team underdog di Group C ieu. Spain Italy Team Favorit; ari Croatia dianggap Kuda Hideungna. Croatia pasti bakal bebeakan ngalayanan Team2 Raksasa model Spain – Italy; Teu gampang Team mana wae ge ngelehkeun Croatia. Tapi kuring di dieu keukeuh bakal nyekel Italy pang Favoritna, lantaran Sajarahna nu alus pisan, dibanding Team sejenna. Jadi susunan kira2 bakal kieu : 1. Italy 2. Spain 3. Croatia 4. Ireland Rep. Ayeuna Group D : Ukraine ( pribumi ) – Schweden – England - France Di group ieu pantes mun England difavoritkeun. Tapi maranehna maenna kurang stabil dibanding Germany atawa Italy; jadi Team England sok rada lamban. Tapi maranehna can ngajaran jadi Juara EuroCup; jadi ajang ieu pasti maranehna bakal satekah polah NGUKIR Sajarah Anyar di Laga Sepakbola Eropa kiwari. Motivasi Team England cukup significant. Ukraine – ku sabab pribumi bisa difavoritkeun . Salian ti memang Team cukup tangguh oge. France saenyana mah Team Favorit oge; komo lamun nyanghareupan England mah; embung eleh ! Kabuktian sababaraha kaali England sok eleh ku France. Tapi Team ieu teh, kacida teu stabilna, Kabuktian di WC2010 Afsel France jadi Juara IV di Group A. Schweden, enya ge tim tanggoh nyanghareupan Team sejen mah kapaksa diasupkeun ka na underdog; paling luhur jadi Kuda Hideung. Tah lamun analisa ieu bener kajadianana kitu, maka : 1. England –2. Ukraine –3. France – 4. Schweden Tah urutaan tiap Group geus ditulis; kumaha kira2 skenario saterusna ? Pertandingan bakal Silang; sigana Juara I group A ngalawan Runner Up Group B; Juara Group B ngalaawan Runner Up Group A. Saterusna Juara Group C ngalawan Runner Up Group D; jeung Juara Group D ngalawan Runner Up Group C Russia bakal ngalawan Netherlands Germany nyanghareupan Poland Italy lawan Ukraine jeung England ngalawan Spain Nu meunang Russia – Germany – Italy jeung Spain Di Semi Final sigana Russia lawan Spain; Germany lawan Italy Russia jeung Germany meunang. Finalna Germany bakal ngelehkeun Russia. Jadi Juara Tahun ieu ; kuring nyekel : Germany Viva Uber Alles ! Bravo Team Panzer
