Ditranslet ka basa sunda dialek Banten Ki Bedu jeung Ki Bejo adu hareup, katenjo duaanana keur adu mencrong beungeut, boh Ki Bejo boh Ki Bedu. Duaanana ngarasa bakal bisa ngelehkeun lawan tandingna. Ari murid Mbal Lanang anu opat deui keur nabeuhan kendang, ngaramekeun ieu adu jajaten, tapi euwuh urang lembur anu ngalalajoan, lantaran geus biasa henteu aneh deui. Ki Bejo mere pasangan kuda-kuda, leungeun kenca ka harep, leungeun katuhu nyekelan pimping, ari Ki Bedu suku mere pasangan jurus entog arek ngendog nyaeta suku kenca dikahareupkeun, suku katuhu nunjang awak, eta mimitian duanana muka jurus pikeun nyerang atawa nangkis. Mbah Lanang ngan mesem bae bari ngagular gilir paduan bako, ari Jalma katenjona tenang bae, da hatena oge yakin kana pangabisa Ki Bejo. Ki Bejo sakilat nyepak suku Ki Bedu nu hareup, mun keuna tea mah matak pengkor, tapi Ki Bedu ngan sakilat narik eta suku nakis terus mundur ka tukang, awakna ilu muter, eta suku teh terus ngalayang kana gado Ki Bejo, mun kena tea pasti eta Ki Bejo bakal ngajoprak. Tapi sigana duanana ngamimitian neangan kalemahan lawan. Eta suku nu ngalayang teh gampang ditakisna ku Ki Bejo bari ngalelewe Ki Bedu "Ah Bedu, kanjut we anu gede, ngan sakitu bobogaan teh!". Dilelewean kitu teh Ki Bedu langsung nyerang pake jurus entog keur dahar parab, leungeuna katukang, terus luncat luhur pisan bari sukuna duanana disepakeun ka hareup gado Ki Bejo "Ciaaaaat!!". Menang serangan ngadadak kitu, Ki Bejo nakis pake jurus ucing nempo panggang hayam, leungeunan ngarawel eta dua suku Ki Bedu ku leungeun katuhu, anu leungeun kencana diayunkeun kana pelebah kanjut Ki Bedu, atuh henteu antarapah deui eta Ki Bedu langsung ngoceak "Jurigig!!. Eta Ki Bedu ngagubrag lantaran kanjutna kapeupeuh/kababuk leungeun kenca Ki Bejo. Bari miringis eta Ki Badu nyekelan manukna anu kababuk Ki Bejo. "Aduh Bejo, maneh mah enyaan geuning, mun nyaho kitu mah aing luncatna moal luhur teuing". Ceuk Ki Bejo "Ah kara ge sakitu, teu sing dibabuk ngan ditoel" He..he.. si Bejo tual toel wae nyah kana barang batur!!
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 8 Mei 2012 8:56 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 168 Ki Bedu jeung Ki Bejo pahareup hareup; kaciri duanana pada2 nguntup ka lawanna; boh Ki Bejo boh Ki Bedu. Duanana ngarasa bakal bisa ngarubuhkeun lawanna. Ari murid Mbah Lanang nu opat deui keur nepakan kendang, ngaramekeun ieu padungdung, tapi euweuh urang lembur nu daratang ka dinya, lantaran geus biasa , jadi teu aneh deui. Ki Bejo mere pasangan leungeun kenca ka hareup, leungeun katuhu mah ngan ukur nyekelan pingping; ari Ki Bedu suku kenca dikahareupkeun, suku katuhu nunjang badan; leungeun duanana kawas manuk ngalayang; eta bukaan atawa kuda2 mere kasempetan lawan pikeun asup.Atawa ngundang lawan pikeun nyerang. Mbah Lanang mah ngan mesem we bari ngagilir gilirkeun padudan; ari Jalma mah tenang we, da hatena oge yakin ka na kabisana ki Bejo. Ki Bejo, sakilat ngajejek suku Ki Bedu nu kahareup; mun keuna tea mah matak pengkor; tapi Ki Bedu ngan sakilat narik eta suku terus ngulawing ka tukang, awakna milu muter; eta suku teh terus ngalayang nuju ka na gado Ki Bejo; mun keuna tea mah Ki Bejo bakal KO. Tapi sigana duanana dina gebragan mimiti mah masih nyoba2. Eta suku nu ngulawing teh gampang pisan ditakisna ku Ki Bejo. Dina gebrakan ieu kaciri duanana tarangginas karesit. Mbah Lalang keprok nempo eta gebragan mimiti : sok der ah, rame ! Kendang ditepak leuwih rame deui. Ayeuna nu nyirintil teh Ki Bedu; tapi dipapag ku Ki Bejo; duanana geus silih tukeur tinggangan jeung sepakan; tapi nyata duanana oge karesit; can aya nu kabeunangan. Ki Bejo kaciri sumanget pisan, lantaran geus lila tara manggih lawan nu saimbang; ayeuna nyanghareupaan Ki Bedu sumangetna naek; nya terus we ngagencer nyerang. Ayeuna mah kaciri Ki Bedu kakepung ku jurus2 Ki Bejo; sanggeus aya dua puluh jurusna; plak ! sorolok, bluk ! Ki Bedu ngajungkel manehna; langsung nangtung bari mere hormat ka Ki Bejo; tanda yen ngaku asor. “Hahahaha ! Alus ulinna ieu si Mas Bejo teh.” Cek Mbah Lanang; sok istirahat heula; ngopi. Hahahaha.” Di na waktu ieu kaciri Embah Lanang daria pisan; terus we ngobrol rame jeung Jalma; ari Ki Bejo mah langsung nyikat sampeu jeung gula aren; Ki Bedu kaciri rada ngahegak. HANCA
