Tah kitu Kang Udin, sing aya gawe. Bantuan Bah AA. Ngarah teu keueungeun. Mun ditarjamahkeun kana dialek Banten, bakal tambah euyeub gunana. Bisa sakalian diajar mikawanoh basa Banten.
2012/5/8 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Ditranslet ka basa sunda dialek Banten > Ki Bedu jeung Ki Bejo adu hareup, katenjo duaanana keur adu mencrong > beungeut, boh Ki Bejo boh Ki Bedu. Duaanana ngarasa bakal bisa ngelehkeun > lawan tandingna. Ari murid Mbal Lanang anu opat deui keur nabeuhan kendang, > ngaramekeun ieu adu jajaten, tapi euwuh urang lembur anu ngalalajoan, > lantaran geus biasa henteu aneh deui. > Ki Bejo mere pasangan kuda-kuda, leungeun kenca ka harep, leungeun katuhu > nyekelan pimping, ari Ki Bedu suku mere pasangan jurus entog arek ngendog > nyaeta suku kenca dikahareupkeun, suku katuhu nunjang awak, eta mimitian > duanana muka jurus pikeun nyerang atawa nangkis. > Mbah Lanang ngan mesem bae bari ngagular gilir paduan bako, ari Jalma > katenjona tenang bae, da hatena oge yakin kana pangabisa Ki Bejo. > Ki Bejo sakilat nyepak suku Ki Bedu nu hareup, mun keuna tea mah matak > pengkor, tapi Ki Bedu ngan sakilat narik eta suku nakis terus mundur ka > tukang, awakna ilu muter, eta suku teh terus ngalayang kana gado Ki Bejo, > mun kena tea pasti eta Ki Bejo bakal ngajoprak. Tapi sigana duanana > ngamimitian neangan kalemahan lawan. Eta suku nu ngalayang teh gampang > ditakisna ku Ki Bejo bari ngalelewe Ki Bedu "Ah Bedu, kanjut we anu gede, > ngan sakitu bobogaan teh!". Dilelewean kitu teh Ki Bedu langsung nyerang > pake jurus entog keur dahar parab, leungeuna katukang, terus luncat luhur > pisan bari sukuna duanana disepakeun ka hareup gado Ki Bejo "Ciaaaaat!!". > Menang serangan ngadadak kitu, Ki Bejo nakis pake jurus ucing nempo > panggang hayam, leungeunan ngarawel eta dua suku Ki Bedu ku leungeun > katuhu, anu leungeun kencana diayunkeun kana pelebah kanjut Ki Bedu, atuh > henteu antarapah deui eta Ki Bedu langsung ngoceak "Jurigig!!. Eta Ki Bedu > ngagubrag lantaran kanjutna kapeupeuh/kababuk leungeun kenca Ki Bejo. Bari > miringis eta Ki Badu nyekelan manukna anu kababuk Ki Bejo. "Aduh Bejo, > maneh mah enyaan geuning, mun nyaho kitu mah aing luncatna moal luhur > teuing". Ceuk Ki Bejo "Ah kara ge sakitu, teu sing dibabuk ngan ditoel" > > He..he.. si Bejo tual toel wae nyah kana barang batur!! > > > > *Dari:* Abbas Amin <[email protected]> > *Kepada:* kisunda <[email protected]>; urangsunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Selasa, 8 Mei 2012 8:56 > *Judul:* [kisunda] Cersil Sunda 168 > ** > > Ki Bedu jeung Ki Bejo pahareup hareup; kaciri duanana pada2 nguntup ka > lawanna; boh Ki Bejo boh Ki Bedu. Duanana ngarasa bakal bisa ngarubuhkeun > lawanna. Ari murid Mbah Lanang nu opat deui keur nepakan kendang, > ngaramekeun ieu padungdung, tapi euweuh urang lembur nu daratang ka dinya, > lantaran geus biasa , jadi teu aneh deui. > Ki Bejo mere pasangan leungeun kenca ka hareup, leungeun katuhu mah ngan > ukur nyekelan pingping; ari Ki Bedu suku kenca dikahareupkeun, suku katuhu > nunjang badan; leungeun duanana kawas manuk ngalayang; eta bukaan atawa > kuda2 mere kasempetan lawan pikeun asup.Atawa ngundang lawan pikeun nyerang. > Mbah Lanang mah ngan mesem we bari ngagilir gilirkeun padudan; ari Jalma > mah tenang we, da hatena oge yakin ka na kabisana ki Bejo. > Ki Bejo, sakilat ngajejek suku Ki Bedu nu kahareup; mun keuna tea mah > matak pengkor; tapi Ki Bedu ngan sakilat narik eta suku terus ngulawing ka > tukang, awakna milu muter; eta suku teh terus ngalayang nuju ka na gado Ki > Bejo; mun keuna tea mah Ki Bejo bakal KO. Tapi sigana duanana dina gebragan > mimiti mah masih nyoba2. Eta suku nu ngulawing teh gampang pisan ditakisna > ku Ki Bejo. Dina gebrakan ieu kaciri duanana tarangginas karesit. > Mbah Lalang keprok nempo eta gebragan mimiti : sok der ah, rame ! > Kendang ditepak leuwih rame deui. > Ayeuna nu nyirintil teh Ki Bedu; tapi dipapag ku Ki Bejo; duanana geus > silih tukeur tinggangan jeung sepakan; tapi nyata duanana oge karesit; can > aya nu kabeunangan. Ki Bejo kaciri sumanget pisan, lantaran geus lila tara > manggih lawan nu saimbang; ayeuna nyanghareupaan Ki Bedu sumangetna naek; > nya terus we ngagencer nyerang. Ayeuna mah kaciri Ki Bedu kakepung ku > jurus2 Ki Bejo; sanggeus aya dua puluh jurusna; plak ! sorolok, bluk ! > > Ki Bedu ngajungkel manehna; langsung nangtung bari mere hormat ka Ki Bejo; > tanda yen ngaku asor. > > “Hahahaha ! Alus ulinna ieu si Mas Bejo teh.” Cek Mbah Lanang; sok > istirahat heula; ngopi. Hahahaha.” > > Di na waktu ieu kaciri Embah Lanang daria pisan; terus we ngobrol rame > jeung Jalma; ari Ki Bejo mah langsung nyikat sampeu jeung gula aren; Ki > Bedu kaciri rada ngahegak. > > HANCA > **** > > >
