Kakara ge
leungit ti na karagetna; jol deui 8 jelema daredeg; bari marake baju saragam
Katumenggungan; moal salah kanca2 Ki Demang ; teu mawa prajurit  Cukup we 8 
urang.
 Tah ieu teh sigana nu
kasohor 8 Pangawal Katumenggungan Purworejo; memang jarago ; maranehna teu
mawa prajurit lantaran boga kayakinan bisa nalukkeun 3 murid Alas Kobar. 


Naon sababna
eta 8 Jago Katumenggungan bisana aya di Alas Kobar oge ? Geus sababaraha poe,
Tumenggung Wiraguna geus ningkatkeun telik sandina pikeun nyilidik kaayaan Alas
Kobar; nya kakara kamari meunang beja nu pasti yen cenah eta gorombolan teh
kakara baralik ti daerah Merbabu geus ngarampog nu ngaliwat; tah beja ieu teh
lain beja bobohongan; sigana enyaan; lantaran loba bukti2 jeung saksi; malah
antarana ti nu kumpulan rampog oge, nu nyeri hate ka Macan Telu. 
Ku sabab kitu
Tumenggung ngayakeun sidang jeung para Senapati; cek Demang Walang Seto lamun
nu dibawa pasukan prajurit; bakal cambal; pasti maranehna barirat nyarumput;
jadi memang kudu didatangan ku nu saeutik tapi jaradug; ulah ku lobaan. Tah ku
sabab kitu Tumenggung Wiraguna ngutus Demang Walang Seto nu memang jagoan;
terus sina milih pahlawan nu rek dibawa. Ki Demang nya mawa 8 Pangawal
Katumenggungan; nginjeum ka Ki Tumenggung Wiraguna; untung Ki Tumenggung keur 
teu
loba acara; jadi Ki Demang diidinan mawa eta pasukan Istimewa.HANCA
 

Kirim email ke