Maranehna
arindit ti Kademangan make kuda ; sanggeus nepi ka sisi alas Kobar; maranehna
nyangcang kuda di sisi leuweung ; terus we make elmu lumpat gancang, nuju ka
tengah leuweung; nya atuh pas pisan maranehna nepi ka nu keur tarung.
Kaciri Si
Macan Telu Kacida reuwasna; encan ge urusan nu ti heula jeung dua pamuda
anggeus; datang Si Mawar Hideung pipilueun; ayeuna datang deui Pahlawan Ti
Kademangan ! Wah … kumaha yeuh ?”
Keur bingung
kitu si Mawar Hideung nyarita , bari tetep pinuh wibawa :” Ki Subali, jeung
dulur maneh; Kula nitip sirah sampeyan; Kulo embung ngahurup ka nu keur
kasulitan. Tah waktu ieu Kulo permisi heula; loba gawe !”
“Ke heula
anan ! tungguan Kula boga urusan jeung sampeyan Mawar Hideung !”
Mawar
Hideung nu geus rek ngejat, kaget ngadenge sora nu nyegah ka manehna indit;
karasa ku manehna nu ngirim ieu sora ngerahkeun tanaga jerona khusus ka manehna;
atuh karasa pisan ka na dadana aya serangan; gancang Mawar Hideung oge
ngerahkeun tanaga jerona; bari panasaran saha nu boga tanaga sakitu gedena.
Si Mawar
Hideung kaget; lantaran teu nyangka yen nu ngirim eta tanaga jero teh nyata
hiji budak ngora; nu tadi keur tarung jeung Ki Subali. Rada ngarandeg Mawar
Hideung pok nyarita:”Salila ieu Kulo tara aya nu megatan atawa motong kalimah
Kulo, Saha ngaran andika jeung naon urusanana ka diri Kulo ?! Tanaga sampeyan
lumayan padahal
ngora keneh pisan; saha guru andika ?!”
Jalma, da
memang nu megatan Mawar Hideung teh Jalma, laju nyarita :”Guru Kaula teu
penting, nu penting nu rek ditanyakeun ku Kaula nya eta dibawa ka mana Nyi Ipah
? Jeung kamana Nyi Epon ?!”
“Oooo
masalah eta; Kaula geus nulungan eta dua budak awewe; mun henteu mah meureun
teu nyaho geus kumaha we eta barudak nu dua . Sampeyan khusus datang ngajorag
Kaula; masalah eta? Hehehehe, tadi Kaula nempo sampean memang boga cecekelan;
mun kitu ke jawabanana di tunggu di Bantul. Andika kudu datang ka tempat Kaula
di Kampung Losari; teangan; moal hese. Ditungguan ku Kaula di ditu; moal jauh
deui. “ Sanggeus nyarita kitu ngan ngagibeg sakali, les wae ngan sakilat Mawar
Hideung geus indit ninggalkeun tempat eta.
Demi Demang
Walang Seta terus we ngepung gorombolan Macan Telu, nu langsung sosoroh amuk.
Nyata
teu gampang ngelehkeun eta Gorombolan Macan Telu teh; memang 8 Jago cukup keur
nandingan puluhan anak buah Macan Telu; tapi Demang Walang Seta nyata teu kuat
ngayonan eta tilu jadug; manehna geus sababaraha kali katinggang ku Subali,
nepi ka lenglengan pisan. Dalapan Pahlawan
Gancang susuitan; tanda mundur; terus we
Demang Walang Seta digarotong; biur kalabur ti dinya; bari ngancam bakal datang
deui.HANCA