nuhun bah Aa, edisi akhir pekan mani murudul....
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 11 Mei 2012 9:07 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 176 Maranehna arindit ti Kademangan make kuda ; sanggeus nepi ka sisi alas Kobar; maranehna nyangcang kuda di sisi leuweung ; terus we make elmu lumpat gancang, nuju ka tengah leuweung; nya atuh pas pisan maranehna nepi ka nu keur tarung. Kaciri Si Macan Telu Kacida reuwasna; encan ge urusan nu ti heula jeung dua pamuda anggeus; datang Si Mawar Hideung pipilueun; ayeuna datang deui Pahlawan Ti Kademangan ! Wah … kumaha yeuh ?” Keur bingung kitu si Mawar Hideung nyarita , bari tetep pinuh wibawa :” Ki Subali, jeung dulur maneh; Kula nitip sirah sampeyan; Kulo embung ngahurup ka nu keur kasulitan. Tah waktu ieu Kulo permisi heula; loba gawe !” “Ke heula anan ! tungguan Kula boga urusan jeung sampeyan Mawar Hideung !” Mawar Hideung nu geus rek ngejat, kaget ngadenge sora nu nyegah ka manehna indit; karasa ku manehna nu ngirim ieu sora ngerahkeun tanaga jerona khusus ka manehna; atuh karasa pisan ka na dadana aya serangan; gancang Mawar Hideung oge ngerahkeun tanaga jerona; bari panasaran saha nu boga tanaga sakitu gedena. Si Mawar Hideung kaget; lantaran teu nyangka yen nu ngirim eta tanaga jero teh nyata hiji budak ngora; nu tadi keur tarung jeung Ki Subali. Rada ngarandeg Mawar Hideung pok nyarita:”Salila ieu Kulo tara aya nu megatan atawa motong kalimah Kulo, Saha ngaran andika jeung naon urusanana ka diri Kulo ?! Tanaga sampeyan lumayan padahal ngora keneh pisan; saha guru andika ?!” Jalma, da memang nu megatan Mawar Hideung teh Jalma, laju nyarita :”Guru Kaula teu penting, nu penting nu rek ditanyakeun ku Kaula nya eta dibawa ka mana Nyi Ipah ? Jeung kamana Nyi Epon ?!” “Oooo masalah eta; Kaula geus nulungan eta dua budak awewe; mun henteu mah meureun teu nyaho geus kumaha we eta barudak nu dua . Sampeyan khusus datang ngajorag Kaula; masalah eta? Hehehehe, tadi Kaula nempo sampean memang boga cecekelan; mun kitu ke jawabanana di tunggu di Bantul. Andika kudu datang ka tempat Kaula di Kampung Losari; teangan; moal hese. Ditungguan ku Kaula di ditu; moal jauh deui. “ Sanggeus nyarita kitu ngan ngagibeg sakali, les wae ngan sakilat Mawar Hideung geus indit ninggalkeun tempat eta. Demi Demang Walang Seta terus we ngepung gorombolan Macan Telu, nu langsung sosoroh amuk. Nyata teu gampang ngelehkeun eta Gorombolan Macan Telu teh; memang 8 Jago cukup keur nandingan puluhan anak buah Macan Telu; tapi Demang Walang Seta nyata teu kuat ngayonan eta tilu jadug; manehna geus sababaraha kali katinggang ku Subali, nepi ka lenglengan pisan. Dalapan Pahlawan Gancang susuitan; tanda mundur; terus we Demang Walang Seta digarotong; biur kalabur ti dinya; bari ngancam bakal datang deui. HANCA
