Persis ! Maksad Bah AA ge kitu. Hehehehe. Tapi ari tos tret mah, angger we 
logika sareng rasionil nu jalan; da dipanjangkeun teuing teu puguh; pondok 
teuing teu rame. 
Kuma takdirna we lah. Hahahaha.

--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> mantabsss bah Aa... sakeudeung deui bakal rame yeuh tarung antara Jalma jeung 
> Mawar Hideung. usul ieu mah bah aa, kulantaran tarungna teh pan pada-pada 
> jago, ulah gancang teung anggeusna tarung teh. sugan nepi ka 5 episode 
> nyaritakeun ragotna eta tarung. sok jadi inget baheula ua kepoh ari 
> ngadongeng basa si rawing tarung jeung bah brewok, pamimping karaman macan 
> liar.... ari lengeun paadu leungeun teh   "... 
> geduk...duak...des...daligdeug...daligdeung...duanana mundur. si rawing 3 
> lengkah, bah brewok 5 lengkah..."
> diantos edisi libur panjangna bah. sukur-sukur saepisode teh paranjang..:)
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Rabu, 16 Mei 2012 6:45
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 185
>  
> 
>   
> Pok we Jalma
> nyarita deui:”Ari masalah eta mah, memang geus takdir, hese urang 
> nyalahkeun si
> itu si ieu; nu jelas sampeyan ayeuna geus nahan hiji budak kalawan euweuh idin
> ti kolotna !”
> 
> “Hehehehe …
> Jalma … Jalma .. andika ngomong sangeunahna wae; ayeuna sampeyan 
> nyanghareupan
> Lasmini ! Masih bisa ngawangkong  !
> Peuting isuk mangka sampeyan sanghareupan Mawar Hideung di Pasir Wuni. Urang
> hayang nempo, naha maneh masih bisa loba omong kawas ayeuna !? Ayeuna Kula 
> keur
> sibuk, sampean jung balik heula; keur nyiapkeun diri peuting isukan !”
> 
> Eta hiji
> tanda nu boga imah ngusir/nitah indit ka manehna; nya Jalma jeung Ki Bejo
> permisi bari hatena rada mentegeg. Sigana memang ayeuna mah kudu ku kakerasan;
> teu bisa sacara lemes sacara diplomasi eta masalah dianggeuskeun.
> Jalma jeung
> Ki Bejo ngaraleos indit deui ka tempat nginep di Bantul.
> 
> Episode ka
> 55: Ki Brojo Nitis
>  
> Barang jol
> ka tempat nginep, Jalma geus teu mikir naon2 deui terus we ngagoloyoh sare, 
> teu
> cai2 acan. Sigana Jalma rada parusing. Ari Ki Bejo mah dahar heula, da ngarasa
> lapar; nu boga imah nanya bari mesem :”Piye Mas, Mbake Lasmini ? Dijawab ku 
> Ki
> Bejo rada teugeug jeung haroream :”Wah Angel tenan!” Si nu boga imah 
> nyenghel
> we maphum. Nya geus kitu mah Ki Bejo ge terus sare langsung we kerek. Waktu
> asar kakara duanana harudang.
> 
> Astaghfirallah,
> cek Jalma na hatena; aduh aing katalanjuran yeuh teu shalat lohor; kapaksa
> manehna shalat 8 rak_at nya eta qadha lohor jeung shalat asar; terus we maca
> istighfar ratusan kali.
> 
> Diantara
> semah nu nginep di eta imah aya hiji jelema tengah tuwuh, nu sering nitenan
> kalakuan Jalma; unggal2 paadu teuteup manehna sok imut ka Jalma. Nya Jalma
> sanggeus shalat asar nepungan eta jelema tengah tuwuh; terus we kekenalan,
> ngaranna cenah Ki Brojo Nitis; manehna ti Bantul Kidul rek ka Semarang.
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke