Sanajan elmu kadigjayaan Mawar Hideung saluhureun Jalma, biasana sok aya kalemahan awewe, dina masalah emosi. Sigana Jalma dina ngelehkeun mawar hideung nga"explore" masalah emosi ieu. Misalna wae, dina perkara, awewe kudu leuwih unggul tibatan lalaki. Sanajan kumaha oge, kodratna awewe tetep kudu ngawula ka lalaki. Sok sanajan ngawula didieu teu kudu dihartikeun jadi "tunduk/patuh/nurut". Sigana Ki Bradja Nitis, bakal mere "pencerahan" ka Jalma dina perkara ieu. Sok sanajan Jalma elmu kanuraganna luhur, tapi ari dina perkara "pangalaman kahirupan" mah sigana Jalma masih "cetek" keneh. Kaasup dina perkara nyanghareupan awewe model Mawar Hideung.
Tapi duka tah, kumaha "pola pikir" Bah AA dina perkara ieu. Soalna kadang-kadang Bah AA sok aya "kejutan" anu teu kapikir ku para pembaca. mrachmatrawyani ________________________________ From: YADI supriadi wendy <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, May 15, 2012 5:23 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Cersil Sunda 185 Wah bener yeuh, ki AA nyungkun. Nuhun Ki..... Tapi rokaya, hese diteguhna kamana jigna carita teh, jol inohong anyar, jadi cabang caritana loba kamungkinanana. Keun bae lah, sabar we rek ditungguan.... Aya pelajaran, sihoreng sipating jalma mah sok tara ngarasa salahna. Eta we inohong Lasmini, sanajan kasebut golongan bodas, tapi teu ngarasa cara nulungan jelema teh "salah", estu kumaha ingsun, teu ngaragap hate nu lian. Nu jahat teh mun pagawean sipatna kejem, saperti maehan ngarampog jste. Teu ngarasa mun nyusahkeun perasaan hate batur mah, kaasup oge kana "kajahatan". Ieu hubunganna jeung "ahlak fadilah" (pelajaran ahlak nu hade). Ati-ati, setan mah moal eleh geleng. Ipis pisan batas antara kahadean jeung kagorengan mah. Hiji-hijina cara pikeun ngelehkeun setan, nyaeta kucara "ihlas"! Hatur nuhun..... On 2012-05-16 06:45, Abbas Amin wrote: > > > Episode ka 55: Ki Brojo Nitis > > -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
