ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang tunggu saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku aki. neda dioboran
nuhun 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Fikmin #Tanjung Pérak# > > Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek > hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. > Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun > panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar > heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng > ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" > ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih > cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah > hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang > muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. > "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir > jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura > hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan. > Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. > "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. *** > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
