Punten Kang, ieu kecap sok ikecapkeun kolot baheula basa leutik, kiwari leus 
can pernah nguping deui. Edun basa sunda teh nyah..........hebring
Maksad kecap teh kieu meureun, punten mun salah 
Hawa nyongkab ngagarajag késang badag  = Hawa panas ngucur kesang badag
Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam = Rohangan tempat nungguan eungap ibarat 
pamegaran hayam
 Panumpang moyég = Panumpang pinuh/loba/amalayah
"Keun waé si éta mah keur palangan!"  = Keun wae si eta mah keur jongjon 
(tanggung = Indonesia red)
Gumasép ngotélan mojang gigireun = Gumasep (Asa Kasep) ngaheureuyan mojang 
gigireun
Hoang hatong ngageroan = Sora tarik ngageroan
Sereah teu puguh déngékeuneun = Ngaguruh teu puguh dengekeuneun
Parebut matras pangsaréan = Parebut tempat pangsarean 
Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek = Goledag ngalempreh dina tempat lecek
 
Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek hapeuk 
digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. Hoang sirineu. 
Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun panto beusi. 
Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar heula. Kapal karek 
anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng ngelepus ngulinkeun 
haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" ceuk Si Samsu. Manehna 
ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih cindekul. Gumasép ngotélan mojang 
gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah hanjat arék balayar. Gorolong panto 
beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si 
Ibu kaséréd nu jangkung badag. "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu 
puguh déngékeuneun. Récét lir jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. 
Ting seledek hayang geura hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut 
matras pangsaréan.
 Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. 
"Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***


 

________________________________
 Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 22 Mei 2012 20:02
Judul: Re: [kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak
  

 
   
 
 Eta nembe mireung deui kecap SAMEANG. Kapungkur waktos masih aya pun Nini mah 
nyebatna the SAMBEYANG tina kecap sembahyang. Eta kecap teh sigana basa sunda 
di perbatasan Cirebon-Jawa Barat.

Mrachmatrawyani

Powered by Telkomsel BlackBerry®

________________________________

From:  Dudi Herlianto <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Tue, 22 May 2012 15:21:34 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [kisunda] Fiksimini - Tanjung Pérak
   
hatur nuhun pisan, kana waleranna, ki


2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>

 
>  
>ngoprot kesang bakating ku saab/panasna ruang tunggu nu pinuh ku jelema, ukur 
>digeberan kipas angin. palangan teh keur halangan, dipapandekeun ka awewe. mun 
>awewe palangan teu perlu sameang. kitu Kang Dudi
>
>
>
>2012/5/22 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
> 
>>  
>>ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang tunggu 
>>saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku aki. neda 
>>dioboran
>>
>>
>>nuhun
>>
>>
>>
>>2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>
>>
>> 
>>>  
>>>Fikmin #Tanjung Pérak#
>>>
>>>Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek 
>>>hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. Hoang 
>>>sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun panto 
>>>beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar heula. Kapal 
>>>karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng ngelepus 
>>>ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" ceuk Si 
>>>Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih cindekul. Gumasép 
>>>ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah hanjat arék balayar. 
>>>Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang muru tarajé 
>>>panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. "Emaaa...!" Budak 
>>>ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir jogjog anyar 
>>>meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura hanjat kana 
>>>beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras
 pangsaréan. Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka 
ransel. "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. ***
>>>
>>>-
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
   
      

Kirim email ke