hatur nuhun pisan, kana waleranna, ki 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]>
> ** > > > ngoprot kesang bakating ku saab/panasna ruang tunggu nu pinuh ku jelema, > ukur digeberan kipas angin. palangan teh keur halangan, dipapandekeun ka > awewe. mun awewe palangan teu perlu sameang. kitu Kang Dudi > > > 2012/5/22 Dudi Herlianto <[email protected]> > >> ** >> >> >> ki, kuring mah rada kerung maca 'hawa nyongkab ngagarajag....', 'ruang >> tunggu saab....' oge 'palangan'. teu ngarti kana harti nu rek diudag ku >> aki. neda dioboran >> >> nuhun >> >> 2012/5/22 Ki Hasan <[email protected]> >> >>> ** >>> >>> >>> Fikmin #Tanjung Pérak# >>> >>> Tanjung Pérak, Surabaya. Hawa nyongkab ngagarajag késang badag. Ngulibek >>> hapeuk digalo hiur kipas angin. Ruang tunggu saab lir pamegaran hayam. >>> Hoang sirineu. Kapal labuh jangkar. Panumpang moyég, pasesedek hareupeun >>> panto beusi. Hawar-hawar sora adan ti masjid palabuhan. "Mending asar >>> heula. Kapal karek anjog. Paling mangkat magrib!" Rét ka Si Hamad, anteng >>> ngelepus ngulinkeun haseup kéréték. "Keun waé si éta mah keur palangan!" >>> ceuk Si Samsu. Manehna ngincid ka luar. Balik asar nu ngebul masih >>> cindekul. Gumasép ngotélan mojang gigireun. Hoang hatong ngageroan. Nitah >>> hanjat arék balayar. Gorolong panto beusi diséréd ngenca. Burudul panumpang >>> muru tarajé panghanjatan. "Aduh...!" Si Ibu kaséréd nu jangkung badag. >>> "Emaaa...!" Budak ngocéak kadupak. Séah teu puguh déngékeuneun. Récét lir >>> jogjog anyar meuting. Suruntul nu manggul koper. Ting seledek hayang geura >>> hanjat kana beuteung kapal. Gajleng! Gajleng! Parebut matras pangsaréan. >>> Goledag ngajéngjéhé dina matras lecek. Kusiwel Si Hamad muka ransel. >>> "Cangkulan euy!" pokna bari ngampar muka kartu. *** >>> >>> - >> > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
