Saenyana mah Para Pendekar tingkat luhur, samemeh tarung beneran; tarung heula sacara bathin; ngadukeun kahebatan “tanaga bathin” pikeun ngagos ka lawan. Ayeuna kaciri; ku sajurus ge Ki Bejo geus ngulahek; lantaran tanaga jerona memang pang handapna diantara nu tiluan; tapi ari Jalma mah wani nyarita kalawan lantang pisan; hartina manehna nembongkeun yen manehna ge teu bisa disambarangkeun ku lawan. “Hahahaha … Kula ayeuna ngarasa reugreug nyanghareupan sampeyan, Jalma ! lantaran Kula nempo memang Elmu sampeyan lumayan ; Kaula moal rugi tarung jeung sampeyan. Ngan Kula masih panasaran, saha nya guru sampeyan ?!” “Ah cek kuring ge teu penting guru kuring mah; ayeuna mah yu we urang tarung teu kudu mawa guru urang sagala……… “ Can tamat ngomongna Jalma; Mawar Hideung geus nyerang lantaran ambek ku jawaban Jalma, nu dianggap teu ngahargaan ka manehna si Mawar Hideung ; sakitu Jalma ti awal ge geus sayaga lantaran pasti aya wae serangan dadakan saperti kitu; tapi nyata di na serangan ieu katempo Mawar Hideung Kacida kesitnya ! Jalma nepi ka tigugulitik sababaraha kali keur nyingcet ti eta jurus kahiji ti Mawar Hideung ! Jurus kahiji Mawar Hideung disebutna Walet nyamber mangsa; nu diserang beuheung Jalma; Jalma geus teu bisa mikir da ngan sakiceup pisan eta serangan datangna. Nya Jalma ngagunakeun Jurus peusing Ngagulung sayang sireum !” Untung taya serangan nyusul ti Mawar Hideung; mun henteu mah tangtu Jalma bakal rugi gede. HANCA
