Kang Hasan, sabenerna kuring rada isin jadi urang sunda teu ngarti basa sunda.
Model ieu kecap :
Suwung naha hartosna Teu Aya?
Kapuluk naha hartosna teu katulungan ?
Palangsiang naha hartosna "Sial"?
Paluruh = naha hartosna "teangan"?
Ngaheruk lewang =  hartons "Bingung"?
Nanding Heulang <= Ieu kecap ibarat/saperti 
Rangkebong = 
Bungangang = Bungan/Bingah?
 
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Kamis, 24 Mei 2012 16:27
Judul: [kisunda] Fiksimini - Takdirna
  

 
   
 
Fikmin #Takdir#

Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu, Si 
Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si Hamad 
leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg ka 
pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan ting 
kecewis. Majar tadi janari aya nu  kababuk gelebugna angin laut di buritan. 
Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu gigireun! Kerung 
silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha waléh ka 
kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus nyérélék. "Mending 
subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna ngaheruk lewang. Blus 
ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang. Bréh ka juru katuhu shaf 
pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong. Sirahna ngeluk. Leungeun kénca 
malang nahan beuteung rangkebong. Panon mereket peureum. Paroman nahan 
kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek
 milangan siki tasbé. Sungut ngunyem ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si 
Hamad salamet tina sungut hiu. ***
   
      

Kirim email ke