Hehehe, nya keun wae, pan ieu ge maksudna keur nginget-nginget deui basa Sunda nu kungsi apal.
Suwung = teu aya, euweuh Kapuluk = kaala, katulungan Palangsiang = boa teuing, jangan-jangan Paluruh = teangan Ngaheruk lewang = tungkul bari sedih, bingung Nanding Heulang = jiga/kawas/saperti/lir heulang Rangkebong = begung, begang Bungangang = ngemplong, atoh sanggeus hariwang 2012/5/25 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Kang Hasan, sabenerna kuring rada isin jadi urang sunda teu ngarti basa > sunda. > Model ieu kecap : > Suwung naha hartosna Teu Aya? > Kapuluk naha hartosna teu katulungan ? > Palangsiang naha hartosna "Sial"? > Paluruh = naha hartosna "teangan"? > Ngaheruk lewang = hartons "Bingung"? > Nanding Heulang <= Ieu kecap ibarat/saperti > Rangkebong = > Bungangang = Bungan/Bingah? > > > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> > *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Kamis, 24 Mei 2012 16:27 > *Judul:* [kisunda] Fiksimini - Takdirna > > > Fikmin #Takdir# > > Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu, > Si Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si > Hamad leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg > ka pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan > ting kecewis. Majar tadi janari aya nu kababuk gelebugna angin laut di > buritan. Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu > gigireun! Kerung silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha > waléh ka kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus > nyérélék. "Mending subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna > ngaheruk lewang. Blus ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang. > Bréh ka juru katuhu shaf pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong. > Sirahna ngeluk. Leungeun kénca malang nahan beuteung rangkebong. Panon > mereket peureum. Paroman nahan kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek milangan > siki tasbé. Sungut ngunyem ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si Hamad > salamet tina sungut hiu. *** > > > >
