Nuhun kang, jadi nambih terang yeuh......
Panginten sanes kuring wae anu henteu apal kana kecap basa sunda model kitu, 
pastina seuer jalmi sunda anu henteu ngartos basa sunda.
Pan kiwarimah gaya, mun ameng ka kota-kota di Jawa Barat samodel Bandung, 
Tasikmalaya, Sumedang, Ciamis, Garut, Sukabumi jeung sanesna, ieu pangalaman 
kuring suba-saba, upami naros ka salah sahiji jalmi utamina budak ngora, ari 
naroskeun alamat ku basa sunda eta budak ngajawabna pake basa Indonesia bari 
pundakna naek kaluhur jiga urang barat "Saya kurang tahu pak!!". 
Euleuh...euleuh.... 
Pantesan kecap sunda model Fiksimini Kang Hasan jarang kadangu kiwari, da 
geuning buktina urang sunda sorangan teu milare. Komo urang sunda anu 
kahirupana kelas menengah, ngagunakeun basa sunda teh katingalina gengsi, dan 
rea di arimahna ngagunakeun basa Indonesia, komo anu geus nincak kahirupan 
tanah kulon mah, anu kadenge teh "Yes, No....Yes ...No..." bari gegetuk ge 
dilebok. Waduh...sing sering we kang Hasan mostingan Fiksimini na.
 
Salam
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Jumat, 25 Mei 2012 13:08
Judul: Re: [kisunda] Fiksimini - Takdirna
  

 
   
 
Hehehe, nya keun wae, pan ieu ge maksudna keur nginget-nginget deui basa Sunda 
nu kungsi apal.


Suwung = teu aya, euweuh
Kapuluk = kaala, katulungan
Palangsiang = boa teuing, jangan-jangan 
Paluruh = teangan
Ngaheruk lewang =  tungkul bari sedih, bingung
Nanding Heulang = jiga/kawas/saperti/lir heulang
Rangkebong = begung, begang

Bungangang = ngemplong, atoh sanggeus hariwang


2012/5/25 Sp Saprudin <[email protected]>

 
>  
>Kang Hasan, sabenerna kuring rada isin jadi urang sunda teu ngarti basa sunda.
>Model ieu kecap : 
>Suwung naha hartosna Teu Aya?
>Kapuluk naha hartosna teu katulungan ?
>Palangsiang naha hartosna "Sial"?
>Paluruh = naha hartosna "teangan"? 
>Ngaheruk lewang =  hartons "Bingung"?
>Nanding Heulang <= Ieu kecap ibarat/saperti 
>Rangkebong = 
>Bungangang = Bungan/Bingah? 
> 
>
> 
> Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>Kepada: Ki Sunda <[email protected]> 
>Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
><[email protected]> 
>Dikirim: Kamis, 24 Mei 2012 16:27
>Judul: [kisunda] Fiksimini - Takdirna
> 
>
>
>  
>Fikmin #Takdir#
>
>Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu, Si 
>Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si Hamad 
>leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg ka 
>pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan ting 
>kecewis. Majar tadi janari aya nu  kababuk gelebugna angin laut di buritan. 
>Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu gigireun! Kerung 
>silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha waléh ka 
>kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus nyérélék. 
>"Mending subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna ngaheruk 
>lewang. Blus ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang. Bréh ka juru 
>katuhu shaf pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong. Sirahna ngeluk. 
>Leungeun kénca malang nahan beuteung rangkebong. Panon mereket peureum. 
>Paroman nahan
 kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek milangan siki tasbé. Sungut ngunyem 
ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si Hamad salamet tina sungut hiu. ***
>   
>
>      
  
      

Kirim email ke