---------- Forwarded message ----------
From: Yadi Supriadi Wendy <[email protected]>
Date: 2012/5/25
Subject: [Urang Sunda] Taktage..
To: Kusnet <[email protected]>


**


Kulantaran geus teu kuat kuring nyimpang ka WC umum. Keur nagog ujug-ujug
aya nu nyeuleungkeung ti rohang WC gigireun .

" Kumaha kabarna , damang ? " Pokna.

Najan ngarasa heran kukuring eta pananya ditembal ,
"alhamdulillah ,,,sae ".

"Sukur atuh ari kitu mah. Tos lami didieu?".

"Numawi nembe gog,,,,teu kuat tuda nyeri beuteung ".

"Masih damel di tempat nu baheula tea?".

"Ah ngeureuyeuh we,,,da kitu geuning,sesah milarian padamelan sanes mah".

Kakara rek engap nanyakeun saha tea ieu teh ? Kaburu kapotong deui ku
manehna.

"Kela nya, engke di telpon deui . Didieu mah kabeneran aya jalma teu
eucreug pipilueun ngomong,,,,!"

Wassalam,
-Yadi Supriadi Wendy-
.:dikintun leubeut kadeudeuh:.
 

Kirim email ke