Ki Nursam keur cangkeluk aya di saung kebonna keur nungguan pepelakanna, aya tangkal cabe, jagong, suuk, terong, tomat, leunca, cau anu sedeng asak jeung rea deui pepelakan sejenna. Kebon ditunngguan ku Ki Nursam unggal poe kulantaran sok didatangan ku sato monyet. Mun teu rajin ditungguan, atuh moal kaalasa hasilna da monyet datang sok mawa balad-baladna anu jumlahna ratusan. Keur cindekul nangkep tuur, leungeun kenca ramona ngajepit lintingan udud daun kaung, teu lila Ki Nursam nundutan terus sare. Disisi kebon eta para monyet ngumpul nempokeun Ki Nursam anu keur nundutan, Kokolot Monyet nitahan salah sahiji baladna ngadeukeutan saung pikeun nyidikkeun naha Ki Nursam sare atawa hanteu. Terus eta hiji monyet ngadeukeutan saung Ki Nursam, lempangna jiga tangtara rek nyerbu musuh, keudeung tiarap, keudeung nangtung bari culang-cileng. Nepi ka Saung, eta monyet ngariksa Ki Nursam, geus sidik yen Ki Nursam Sare, terus monyet balik deui ka Kokoltna ngalaporkeun yen nu boga kebon keur sare. Kokolot monyet marentahkeun ka balad-baladna supaya gancang asup ka kebon, geus arasup ka kebon eta monyet paciweuh parabut kadaharan. Anu nyabutan suuk, anu ngagares jagong, anu naejab cau, malah aya anu ngala cabe. Eta monyet anu ngala cabe teu sadar bakating ku lapar, manehna paciweuh culang cileung sungut nyamutu pinuh ku cabe, teu lila sungutna ngarasa panas lada ku cabe. Ngarasa sungutna panas nahan lada, eta monyet ngoceak "Seuhah...seuhah....seuhah...cabe Ki Nursam lada!!!!" Ngadenge anu rarecet di jero Kebon, Ki Nursam kahudangkeun barang breh nempo eta monyet anu jumlahna ratusan ngacak-ngacak eusi kebon, atuh teu antaparah deui eta Ki Nursam ambeuk gede "Haram jadah dia!!! Ngeunah amat dia gagareus sangeunahna di kebon aing" terus nyokot bedil locok anu geus dieusian mimis (musiu) terus ditembakkeun ka monyet anu panggedena "dor!!dor!!dor!! tilu kali, eta monyet anu ditembak ngan ukur gagaro bari pokna "Don't worry bos, be happy". Nempo monyet ditembak santai bae, atuh Ki Nursam tambah kalap "Tangkurak Dia!! be happy...be happy, aing anu meulak satengah modar!! teu lila Ki Nursam ngulapes ngajengjehe nyampai dina saung 1/2 modar. Nempo Ki Nursam kitu, eta para monyet ngakak seuri bari pokna "Alah ari manusa geus kolot mah geuning gampang ambekan nya, pantesan di alam manusa loba panyakit, stroke, serangan jantung, ja geuning kitu nyah". (IS)
