kuring ngaharep di ieu milis kreatifitas atawa kamotekaran teh bisa mekaar kaalawan mulus; ulah ngahalang ka naa kreatifitas nu dilakukeun ku hiji jelema.
Kumahaa cenah ngaahalangan kreatifitas teh ? Nya samodel kieu : eh nulis teh kudu kitu kudu kieu ! Bari awalna mah teu aya aturan tertulis yen enya kudu kitu; kudu kieu. Komo mun aya pananya sabangsa kieu mah: Naon gunana eta tulisan keur balarea ?! Bari jeung eta nu nulis teh kacida subjektivena teu ngaragap angen batur, atawa teu nyilidik naha batur sarua teu resepna jeung manehna ? Eta cara ngahalang kreatifitas nu kitu teh bisa aya dua alesanana, nya eta : 1. Sirik ku kreatif batur 2. Kacida sombongna lantaran cek pikir manehna tulisan manehna sorangan maah nu pang loba gunana ! Jadi akhirna mah lain masalah TULISAN, tapi teu resep atawa IJID ka nu nulisna. Tah di na palebah dieu, hese ngajelaskeunana. Sabab memang tiap Jalma boga hubungan baatin nu beda2; ayaa nu jol pruk papaanggih resep; aya nu jol papaanggih biasa we. tapi aya oge nu saat panggih; jol2 ijid. Tah bisa jadi. Hese nu model kitu mah. Jeung aya oge manusa nu sifat saat lahirna ditakdirkeun ku Pangeran pikacuaeun. Istilahna pikaaresepen peureup tea ! Jelema nu kitu aya. Mungkin oge kaasup kuring, nu ayeuna keur nulis. Nya na palebah dinya mah; hese rek ngomongnaa ge.
