Karek apal burut sok kaluar sora, di lembur kuring mah burut teh nya Hernia tea. Bisa diubaran ku operasi...
Wassalam Abdul Qodir Jaelani ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 20 Juni 2012 11:25 Judul: Re: [kisunda] BURUT Aya kang Syam, dokter, di ieu lapak teh nya. Cing punten Kang Syam, ari eta sora "kok-kok-kan" burut, bijilna timana nya. Da tangtuna moal kaluar tina kanjut nu ngaburayotna. Boa kaluar tina palawangan. Palawangan mana nya, palawangan hareup, tukang, atawa luhur. 2012/6/20 Sp Saprudin <[email protected]> > >Dulur, teurang teu naon "burut" teh? Burut istilah jalma anu gaduh kanjut >(punten sanes jorok) ngaburayut badag pisan. Panginten jalma anu burut >ngagaduhan panyawat, duka panyawat naon, da dilembur kuring sok disebat burut. >Baheula keur leutik basa keur di lembur aya hiji jalma sebat we namina Mang >Arsayun (nami samaran), anjeuna gaduh kanjut burut. Mun manehna keur cingogo >eta kanjutna sok tisada "kok...kok...kok...." jiga hayam jago, atawa mun >ngadenge sora recet (gaduh) pasti tisada. Burutna kanjut Mang Arsayun geus >tenar salelembur, malah jadi bahan guyonan bararudak. Mun barudak pasigeung >silih tuding, teu lepas kecap "Daek burut aing teu nyokot!!". Hiji mangsa >kuring keur arulin jeung barudak salembur maen gatrik di buruan imah, harita >Mang Arsayun ngaliwat. Ceuk kuring ka barudak "Dak tuh Mang Arsayun rek >kamana, hayu urang heureuyan". Barudak langsung ngarespon ngahayukeun "Hayu >urang heureuyan, ameh burutna tisada". Terus barudak nuturkeun Mang Arsayun ti tukang, bari ngadanding lalaguan nembangkeun lagu "Ucang-ucang angge mulung muncang ka parangge digog-god ku kanjut gede, lumpatna ka kolong bale di bale Mang Arsayun keur ngalehe". Mang Arsayun malik katukang ambek "Non sia budak ngaganggu aing, karancolah bae!!" bari eta kanjutna tisada "kok..kok..kok...". Ngadenge sada kok kok dina jero kolor Mang Arsayun, atuh barudak ngabarakatak seuri "ha..ha..hayam jagona tisada euy". Mang Arsayun nyokot batu leutik anu aya disisi jalan, terus dibaledogkeun ka barudak anu nuturkeun manehna, nempo kitu barudak brat brit lalumpatan. Kuring oge ilu lumpat, ngeun naas lumpat ka sisi jarian (tempat miceun runtah) nincak tahi jelema, atuh liye we suku nincak tahi "Haram jador, nincak bolu atah!!!". (IS) > >
