haha, waas tuda kit, tiap gowel ditema ku sora 'kok'... cenah. :)

2012/6/20 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Hahaha, nu resep goes dieuneun burut euy!
>
>
> 2012/6/20 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> nuhun mang dokter sam, tiasa naros, kieu mang dok, kuring remen maca
>> pamaen mengbal pro di eropa ditu dioperasi burut nepi ka pere heula
>> mengbalna. patarosanna, naha mengbal nu jadi marga lantaran eta pamaen teh
>> burut? amun enya, naha olahragi sacara umum tiasa oge nyieun burut? kumaha
>> amun sasapedahan? sareng kumaha cara nyinglarna sangkan olahraga teu
>> ngadatangkeun burut?
>>
>> sateu acanna hatur nuhun, mang dok
>>
>> uaduq!
>>
>>
>> 2012/6/20 Sam Soemadipradja <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> burut téh basa gayana mah Hérnia ( aya kitu néng Hérniawati??)
>>>
>>> turunna peujit kana kanjut....
>>> tadina mah siki kanjut teh ayana dina beuteung sekitar tarang baga.
>>>
>>> di wanoja mah henteu turun, tapi tetap dina tempatna (indung
>>> telur,ovarium) - biasana sok rame panyakitna kista.
>>>
>>> lalaki mah, sikina turun kana kanjut (fungsi kanjut keur ngatur suhu,
>>> ngarah produksi sel mani aya dina suhu optimal - jadi lamun suhu turun,
>>> kanjut ngariut - lamun panas kanjut laer...)
>>> lamun siki henteu turun, bisa jadi kanker, jaba jadi steril da henteu
>>> nyieun sel mani (lantaran suhuna teu optimal, panas teuing, dina beuteung
>>> mah..) - lamun henteu turun disebut cryptorrhismus.
>>>
>>>
>>>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke