Fiksimini - Milih Hénpon

Koloyong ka toko hénpon. Ngabarak mangpirang mérek. Nawarkeun rupaning
fitur. "Mangga pilih nu mana? Sabaraha bajétna?" Palayan nanya rancingeus.
Naléngténg tur ngiming-ngiming. Teup neuteup ka juru kénca étalaseu. "Nu
ieu iPad édisi panganyarna. Aya blutut. Kamera. Rekorder. Internet. Tiasa
facebook sagala. Cocok kanggo mikmin!" pokna. Jiga surti. Boa baraya FBS.
"Héhéhé...!" cekeng téh. Rét ka juru katuhu. "Ieu mah Samsung Galaxy, aya
GPS-an sagala. Moal sasab upama ka YPK!" pokna deui. Boa enya palayan téh
fikminer. "Atawa nu ieu Blackberry. Jiga nu sok dianggo Obama. Haneut
kénéh. Nembé pisan dirilis?" pokna nyéréngéh. "Aya Samsung E1080T?" cekéng
téh. "Jadul atuh éta mah. Moal tiasa FB-an!" jawabna. "Wios praktis. Ukur
kanggo nélépon sareng SMS. Jaba anti maling jeung anti anjing deuih!" (Ki
Hasan) ***

Kirim email ke