Resep abdi mah kana gaya basa Kang Hasan Punten Kang, ku abdi ditranlet basa Banten Kidul Koloyong = Keuleuyeur/Lempang = Indit Ngabarak = Nemprak/Ngalayah Mangpirang = Rupa-rupa Rancingeus = buru-buru/gancang? Nalengteng = Nerelengi ?
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 22 Juni 2012 8:58 Judul: [kisunda] Fiksimini - Milih Hénpon Fiksimini - Milih Hénpon Koloyong ka toko hénpon. Ngabarak mangpirang mérek. Nawarkeun rupaning fitur. "Mangga pilih nu mana? Sabaraha bajétna?" Palayan nanya rancingeus. Naléngténg tur ngiming-ngiming. Teup neuteup ka juru kénca étalaseu. "Nu ieu iPad édisi panganyarna. Aya blutut. Kamera. Rekorder. Internet. Tiasa facebook sagala. Cocok kanggo mikmin!" pokna. Jiga surti. Boa baraya FBS. "Héhéhé...!" cekeng téh. Rét ka juru katuhu. "Ieu mah Samsung Galaxy, aya GPS-an sagala. Moal sasab upama ka YPK!" pokna deui. Boa enya palayan téh fikminer. "Atawa nu ieu Blackberry. Jiga nu sok dianggo Obama. Haneut kénéh. Nembé pisan dirilis?" pokna nyéréngéh. "Aya Samsung E1080T?" cekéng téh. "Jadul atuh éta mah. Moal tiasa FB-an!" jawabna. "Wios praktis. Ukur kanggo nélépon sareng SMS. Jaba anti maling jeung anti anjing deuih!" (Ki Hasan) ***
