/koloyong/ aslina mah kecap panganteur, keur kecap gawe /indit, leumpang/. Mun ditulis lengkep jadi kieu "Koloyong leumpang ka toko henpon". Ngan eta kecap panganteur teh dina karangan sok jadi gaganti ngawakilan kecap gawena, jadi "Koloyong ka toko henpon," ngarah ringkes jeung karasa leuwih ngebrehkeun aksi nu aktif. Jiga "Gek diuk dina korsi." bisa diringkes jadi "Gek dina korsi."
/rancingeus/ mun dina basa Indonesia mah /cekatan/ /nalengteng/ nyalidik, tunyu-tanya 2012/6/22 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Resep abdi mah kana gaya basa Kang Hasan > Punten Kang, ku abdi ditranlet basa Banten Kidul > Koloyong = Keuleuyeur/Lempang = Indit > Ngabarak = Nemprak/Ngalayah > Mangpirang = Rupa-rupa > Rancingeus = buru-buru/gancang? > Nalengteng = Nerelengi ? > > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> > *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Jumat, 22 Juni 2012 8:58 > *Judul:* [kisunda] Fiksimini - Milih Hénpon > > > Fiksimini - Milih Hénpon > > Koloyong ka toko hénpon. Ngabarak mangpirang mérek. Nawarkeun rupaning > fitur. "Mangga pilih nu mana? Sabaraha bajétna?" Palayan nanya rancingeus. > Naléngténg tur ngiming-ngiming. Teup neuteup ka juru kénca étalaseu. "Nu > ieu iPad édisi panganyarna. Aya blutut. Kamera. Rekorder. Internet. Tiasa > facebook sagala. Cocok kanggo mikmin!" pokna. Jiga surti. Boa baraya FBS. > "Héhéhé...!" cekeng téh. Rét ka juru katuhu. "Ieu mah Samsung Galaxy, aya > GPS-an sagala. Moal sasab upama ka YPK!" pokna deui. Boa enya palayan téh > fikminer. "Atawa nu ieu Blackberry. Jiga nu sok dianggo Obama. Haneut > kénéh. Nembé pisan dirilis?" pokna nyéréngéh. "Aya Samsung E1080T?" cekéng > téh. "Jadul atuh éta mah. Moal tiasa FB-an!" jawabna. "Wios praktis. Ukur > kanggo nélépon sareng SMS. Jaba anti maling jeung anti anjing deuih!" (Ki > Hasan) *** > >
