Para wargi teurang teu Oondongeun? Aya deui yeuh picariteun pangalaman hirup 
basa keur budak. Oondongeun nyaeta pipi bengkak lain kusabab nyeri huntu. 
Teuing panyakit naon ieu, da dilembur mah sok araraneh. Istilah ieu mun aya 
jalma anu bengkak pipina katingalina beungeutna jadi menyon. Urang lembur mun 
ngubaran Oondongeun sok make bulao paragi pakean bodas meunang 
nyeuseuh. Biasana mun aya jalma pipina bengkak teu jauh jeung nyeri huntu, tapi 
ieu mah lain kusabab nyeri huntu. Ieu jadi babasaan ku jalma rea mun oondongeun 
"Ah dia mah loba teuing dahar gegesk".
Panginten Kang Dokter bisa ngaguar ieu teh kaasup panyakit naon? 
Nuhun 

Kirim email ke