di lembur abdi mah, di tutugan gunung balukbuk sumedang, disebatna teh Gondongeun. Cek medicastore.com basa kadokteranna teh mumps atawa parotitis epidemika. Salian ti dibalur bulao, gondongeun sok oge diubaran ku keupeulan sangu haneut. Carana, si sangu haneut nu geus dikeupeul-keupeul teh di usapkeun ka careham/beuheung nu bareuh, terus engkena si sanguna teh diparabkeun ka anjing. aya-aya wae weh lah heuheu...
2012/6/22 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Para wargi teurang teu Oondongeun? Aya deui yeuh picariteun pangalaman > hirup basa keur budak. Oondongeun nyaeta pipi bengkak lain kusabab nyeri > huntu. Teuing panyakit naon ieu, da dilembur mah sok araraneh. Istilah ieu > mun aya jalma anu bengkak pipina katingalina beungeutna jadi menyon. Urang > lembur mun ngubaran Oondongeun sok make bulao paragi pakean bodas meunang > nyeuseuh. Biasana mun aya jalma pipina bengkak teu jauh jeung nyeri huntu, > tapi ieu mah lain kusabab nyeri huntu. Ieu jadi babasaan ku jalma rea mun > oondongeun "Ah dia mah loba teuing dahar gegesk". > Panginten Kang Dokter bisa ngaguar ieu teh kaasup panyakit naon? > Nuhun > > __ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
