Teurang babacakan? Istilah umum basa sunda nyaeta botram, di lembur kuring
disebut babacakan. Aya deui picaritaeun, kieu caritana. Poe minggu harita si
Udin jeung babaturanana opatan badami rek ngayakeun babacakan di sisi basisir.
Si Joni purah nyieun timbel, si Dede purah nyieun sambel jeung bumbu, si Edi
purah nyieun inuman, si Didi purah neangan kecrik, jeung si Udin purah neangan
pilaukeun. Geus meunang tugas masing-masing, ngan si Udin anu rada bingung
neangan pilaukeun ja harita keur tongpes. "Dak ari laukna naon nya? ceuk Udin
kababaturanana, ditembal ku babaturanana "Lauk naon be lah, mun bisa mah daging
hayam". Ceuk Udin "Be daria mah gaya make daging hayam sagala, biasana ge lauk
asin peda". Baturanan nembal bareng "Sakali-kali atuh gaya Din, maenya rek
babacakan nu tara unggal poe jeung beuleum peda asin?". Udin gagaro teu ateul
"Heueuh lah, ke aing rek nyiar hayamna". Geus baradami meunang tugas
masing-masing, si Udin balik ka Imah.
Harita si Udin cicing jeung diurusan ku Nini Akina, ceuk beja dititipkeun ku
kolotna da teu kuat ngurusanana ku bangor tea, kolotna harita tugasna di
Bandung ja jadi soldadu. Geus boga dasar bangor tea, si Udin teu leungiteun
akal, di imah manehna neangan beas jeung tali rapia. "Ma nyuhunkeun beas
sakedik be" ceuk si Udin ka nini na. Ceuk nini na "Keur naon beas Din?. Ceuk si
Udin "Kangge nambahan damel timbel, da barudak ngajak babacakan ka basisir".
Ceuk nini na "Tuh nyandak di goha dina pamean". Koloyor si Udin ka pemean
nyokot beas sagelaseun. Geus menang beas sageulas manehna terus neangan tali
rapia, kabeneran di goha aya tali rapia urut tali karung beas, terus neangan
peso ka dapur, geus kitu "Ma abdi bade ka rorompok babaturan heula" leos maneh
ka luar imah. Si Udin lain lempang ka imah babaturanana, tapi ka tempat jarian
(tempat miceun runtah), ja didinya tempat hayam arulin. Di jarian si Udin
ngawurkeun beas jeung tali rapia geus dipasang
pikeun ngeurad hayam. Nemo beas diawurkeun atuh hayam ting barecir gaur jadi
ngumpul, terus si Udin narik tali rapia keok sada hayam beunang kauerad. Hayam
anu kaeurad hayam jago borentak panggedena, culana jeung jawerna beureum meni
lebar. Ceuk si Udin gerentes hatena "Ieu jiga hayam H. Madromi, akh bodo teuing
akh, EGP".Geus menang pilaukeun, maneh ngasupkeun hayam kana sarung anu geus
dibaseuhan ambeh hayam ulah tisada terus lumpat ka sisi cai (walungan). Disisi
cai girangeun kincir, si Udin culak cileuk bisi aya jelema anu nenjoeun, geus
kitu maneh ngahareup ka kiblat rek mencit hayam. Awak hayam didempet pake suku,
beuheungna dicekel leungen kenca, leungen kathu nyekel peso
"Bismillahirrahmanirrahiiim" brel hayam dipencit. Ceuk pikir si Udin "Akh bodo
teuing hayam meunang maok oge, anu pentingmah mencitna Islami". Geus meunang
mencit terus manehna lempang ka ruyuk sisi cai, terus manehna neangan suluh rek
mirun seuneu pikeun ngarerab hayam ambeh
buluna gampang dicabutan. Caritana geus menang meresihan jeung ngeureutan
hayam terus diasupkeun kana keresek hideung terus lempang ka imah babaturanana.
Di imah babaturanana geus karumpul siap berangkat ka basisir, ceuk babaturanana
"Alah Din lila amat dia, kamana heula!". Ceuk si Udin "Ka pasar heula aing
neangan hayam, yeuh geus meunang hayam jago gede, ku limaan moal beak ieu" bari
ngasongkeun bungkusan karesek. Geus kitu brul si Udin jeung babaturanana
laleumpang ka sisi basisir naraeuk motor bebek. Geus sampe ka sisi basisir
terus maranehanana neangan tempat anu iuh, pas meunang tempat handapeun tangkal
anu ngaroyong ka laut. "Jon geura mirun seuneu, aing rek nyiapkeun panggangan
hayam" ceuk si Udin ka Joni. "Beres lah, gampang" tembal si Joni. Pirunan
seuneu geus ngagudag hurung, terus si Udin manggangkeun daging hayam anu geus
dipasang panggangan awi.
Keur aranteng barudak maranggang hayam, teu lila jol H. Madromi juragan parahu
"Dak keur naraon maraneh". Gebeg we si Udin ngagebeg reuwas, da rumasa manehna
geus newak hayamg H. Madromi, ditembal ku si Dede "Eh Pa Haji, ieu nuju
babacakan". Terus H. Madromo nyamperkeun barudak, anu keur manggang hayam "Wah
kabeneran yeuh, Pa Haji tacan dahar, bisa iluan teu" manehna gek dina balukang
deukeut pirunan seuneu. Si Udin anu hatena dag dig dug nembal "Kantenan Pa
Haji, urang babacakan, ke antosan heula panggangana teu acan asak". Ceuk H.
Madromi "Atuh kalem be jang, Pa Haji rek ngudud heula bari niis".
Hanca...........