Pudigdig bae
Lasmini napsu pisan, ngadenge omongan Si Cepot pang ahirna; tapi ayeuna mah
Lasmini geus apal ka na kahebatan dirina; ayeuna manehna moal waka nembongkeun
heula kabisana; keun api2 we heula, cek hatena. 


“Heh ilaing
ngomong make otak ! abong biwir teu diwengku letah teu tulangan, ngomong
sadaekna wae!” Bari kolomprang wae  meja
dibalikeun, Lasmini terus kaluar. 


Atuh ribut
harita keneh, si nu boga warung cocorowokan, lantaran can dibayar turta loba
barang nu pareupeus. Terus ku Astrajingga dijejelan duit 10 Gulden, atuh eta
tukang warung teh mani nuhun2an aya kana 10Xna mah. 


Nu limaan
gancang pisan ngudag Lasmini; terus we ngan sakilat Lasmini geus dikepung. 


“Hahahaha !
Rek kamana Cah Ayu ?! Cah Ayu can ngajawab, tarima atawa henteu lamaran si Kang
Mas !?”  


Geplak !
Kakara ge balem pipina geus dicabok manten ku Lasmini. Rada kaget si 
Astrajingga,
lantaran manehna teu sempet nakis2 acan, bari karasa nyeri pisan. 


“Eeeeh ieu
bocah teu beunang dipikanyaah,” cek si Udawala bari maju rek newak Lasmini;
tapi keplok ieu ge kacabok mani karasa peureus pisan, pipina diusapan da karasa
panas urut cabokan Lasmini teh. 


Atuh Si
Cepot jeung si Gareng ge rek nyoba newak tapi ngan sakilat geus kabagi cabokan
ku Lasmini. 


Nu limaan
teu tata pasini siga nu geus badami bareng ngarontok Lasmini; kumaha akibatna ?
Lain Lasmini katewak; tapi eta nu limaan silih cakar sorangan; maranehna
gancang marisah bari kutuk gendeng, jeung silih salahkeun; Lasmini kamana ? 


Lasmini teu
ngejat jauh keur nangtung we nungguan nu keur ting arukey, bari nulak cangkeng
Lasmini ayeuna nu ngabentak:”Heh arilaing nu limaan ! tong kapalang hayo cabut
eta bedog maraneh, sok hayang nyaho !” 


Eta “Lima
Jago Pasir Luhur” kitu kasohorna eta nu limaan, silih pelong jeung pada
baturna; tapi teu lila terus ting serebet bedog dilalugas, mani ting gurilap.
Maranehna sadar yen ieu wanoja teh masing masih keneh ngora ge, nyata elmuna
lumayan. ( can nyahoeun kahebatan Lasmini mah, da Lasmini na ge kakara uulinan
).HANCA
 

Kirim email ke