Dina kasempetan ieu, raraga mayunan bulan suci Ramadhan, kuring sacara pribadi nyuhunkeun hapunten samudaya kaleupatan. Boh aya kasalahan anu dihaja atawa anu teu dihaja, boh anu alus boh anu kasar. Kuring nyuhunkeun dihapunten. Kuring rumasa jalma/manusa anu henteu leupas tina dosa jeung salah. =============================== Dawuhan Allah Swt. :
هُوَ ٱلَّذِىٓ أَرۡسَلَ رَسُولَهُ ۥ بِٱلۡهُدَىٰ وَدِينِ ٱلۡحَقِّ لِيُظۡهِرَهُ ۥ عَلَى ٱلدِّينِ كُلِّهِۦ وَلَوۡ كَرِهَ ٱلۡمُشۡرِكُونَ "Anjeun-Na anu ngutus Rasul-Na anu mawa patunjuk jeung agama anu bener sangkan Anjeun-Na menangkeunna di luhur sagala agama-agama, sanajan jalma-jalma msyrik hewa" (QS. As Shaf/61:9). Dina ayat ieu, Allah Ta'ala mikeun nikmat ka sakabeh manusa jeung ngutus Rasul sarta Nabi anu panghadena ka maranehna jeung mawa sahade-hadena kitab sarta risalah-Na, anu nyukupkeun panjelesan antara anu haq jeung bathil, ilmu anu manfaat, amal shalil jeung sakabeh anu dibutuhkeun ku hamba pikeun kamaslahatanna di dunya jeung akhirat, sangkan Allah Ta'ala ngaluhurkeun ti luhur sakabeh agama ku hujjah (argumen) jeung panjelasan, sarta sangkan Allah Ta'ala menangkeun jalma-jalma anu teguh ngalaksanakeun ku pedang jeung panah. Allah Ta'ala marentahkeun ka kaum mukminin sangkan nyekel pageuh ku agama anu bener jeung manhaj anu jelas ieu, dina sakabeh urusan maranehna, sangkan meunang kabahagiaan di dunya jeung akhirat. Allah Ta'ala ngajentrekeun (memperingatkan) ka maranehna sangkan ulah leupas atawa nyekel ka agama anu lain. Allah Ta'ala ngadawuh : وَكَم مِّن قَرۡيَةٍ أَهۡلَكۡنَـٰهَا فَجَآءَهَا بَأۡسُنَا بَيَـٰتًا أَوۡ هُمۡ قَآٮِٕلُونَ "Tuturkeun naon anu diturunkeun ka maneh ti Rabb maneh jeung koma maneh ulah nuturkeun pamimpin-pamimpin salain-Na. Saeutik pisan maneh nyokot palajaran (ti dinya)" (QS. Al A'raf 7 : 3). Para mufasir ngecapkeun anu dimaksud (ku kecap ma, red) nyaeta Al Qur'an jeung Sunnah, kusabab manehna sabage panjelas (penjelasan) jeung tafsir pikeun al Qur'an. Dawuhan Allah Ta'ala : "jeung koma ulah nuturkeun pamimpin-pamimpin salain-Na" maksudna nyaeta diulahkeun maraneh ngajadikeun maranehna sabage pamimpin jeung nuturkeun hawa nafsu maranehna jeung ninggalkeun al-haq lantaranna. Loba dalil-dalil syara', atsar ti para sahabat, para tabiin jeung para imam kaum muslimin anu ngamotivasi sangkan nyekel pageuh kana wahyu jeung patunjuk anu dibawa Nabi Saw. tanpa ngabantahna ku omongan manusa, sanajan jalma eta darajatna jeung kadudukanna luhur. Komo deui sampe miheulaan ucapan jeung pandapat maranehna tibatan firman Allah Ta'ala jeung sabda Nabi Saw. Pikeun satiap mukallaf, wajib pikeun nuturkeun kabeneran komo deui jelas pikeunna tanpa gumantung ka saurang dina narima kabeneran. Loba nash-nash anu nunjukkeun yen jalan kasalametan bisa dicape (diraih) ku nyekel kana kabeneran, lain ka pribadi-pribadi (tertentu, red). Dumasar kana kabeneran, kecapan-kecapan jeung pandapat-pandapat eta dtimbnag, sahingga ngajadi bener atawa salahna hiji hal jeung pandapat. Anapon gumantung ka jalma-jalma tertentu, nuturkeun omonganna, pandapat jeung ijtihad maranehna tuluy langsung narimana tanpa nempo kasaluyuan kana kabeneran anu dibawa Nabi Saw. ti Allah Ta'ala, mangka hal anu kitu mangrupakeun cara anu bahaya jeung bertentangan kana patunjuk Salafus Shalih. Diomongkeun ku Imam Syatibi ra. "Ngajadikeun saurang sabage hakim, tanpa nempo kaayaanna sabage parantara hukum syar'i anu dituntut sacara syar'i, saestuna mangrupakeun kasesatan. Jeung hujjah penentu jeung hakim pang luhurna nyaeta syari'at, lain anu lainna. Terus kuring omongkeun, sakitu manhaj para sahabat Rasulallah Saw. jeung sing saha anu maca sajarah jeung nukilan-nukilan ti maranehna sarta mempelajari kaayaan maranehna, tinangtu bakal mikanyaho hal ieu ku ELMU anu yakin". Anjeunna ra. oge ngomong : "Bener, lolobana jalma sesat akibat berpaling ti dalil-dalil jeung (tuluy) gumantung ka manusa. Maranehna kaluar tina (pamahaman red) para sahabat jeung tabi'in. Maranehna nurutkeun hawa nafsu jeung tanpa elmu, sahingga kaluar tina jalan anu lurus". DALIL-DALIL WAJIBNA NYEKEL PAGEUH KANA KABENERAN Di handap ieu, aya sababaraha dalil syar'i jeung atsar-atsar ngenaan wajibna nyekel pageuh kana kabeneran jeung nyingkirkeun kagumantungan ka pribadi-pribadi tertentu. Allah Ta'ala ngadawuh : يَـٰٓأَيُّہَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ لَا تُقَدِّمُواْ بَيۡنَ يَدَىِ ٱللَّهِ وَرَسُولِهِۦۖ وَٱتَّقُواْ ٱللَّهَۚ إِنَّ ٱللَّهَ سَمِيعٌ عَلِيمٌ۬ "Hai jalma-jalma anu ariman, diulahkeun maneh miheulaan Allah jeung Rasul-Na. Jeung sing taqwa ka Allah. Saestuna Allah Maha Ngadenge jeung Maha Mikanyaho" (QS. Al-Hujarat 49/1). Syaikh Aburrahman As Sa'di ra. ngomong : "Ayat ieu ngenaan adab ka Allah, Rasul-Na, ngagungkeun, ngahormatan sarta ngamuliakeun-Na. Allah marentahkeun ka kaum mukminin ku hiji hal anu menjadi konsekuesni kaimanan maraneh ka Allah jeung Rasul-Na nyaeta ku ngajalankeun parentah-parentah Allah jeung ngajauhan larangan-Na. Jeung diharepkeun maraneh lempang nuturkeun parentah Allah, nuturkeun Sunnah Rasulallah Saw. dina sakabeh urusan, henteu miheulaan Alalh jeung Rasul-Na, henteu ngomongkeun hiji hal, sahingga Allah ngomongkeunna. Maraneh henteu marentahkeun, sahingga Allah marentahkeunna". Didieu oge aya larangan anu heuras miheulakeun omongan salain Rasulallah Saw. tibatan sabdanya. Mun Sunnah Rasulallah Saw geus jelas, mangka wajib nuturkeun jeung miheulaanna tibatan omongan anu lainna, sing saha oge. Allah Ta'ala ngadawuh : وَمَا مُحَمَّدٌ إِلَّا رَسُولٌ۬ قَدۡ خَلَتۡ مِن قَبۡلِهِ ٱلرُّسُلُۚ أَفَإِيْن مَّاتَ أَوۡ قُتِلَ ٱنقَلَبۡتُمۡ عَلَىٰٓ أَعۡقَـٰبِكُمۡۚ وَمَن يَنقَلِبۡ عَلَىٰ عَقِبَيۡهِ فَلَن يَضُرَّ ٱللَّهَ شَيۡـًٔ۬اۗ وَسَيَجۡزِى ٱللَّهُ ٱلشَّـٰڪِرِينَ "Muhammad eta henteu lain ngan saurang rasul, sungguh telah berallu sebelumnya beberapa rasul. Apakah jika dia wafat atau dibunuh kamu berbalik ke belakang (murtad). Barangsiapa yang berbalik ke belakang, maka ia tidak mendatangkan mudharat kepada Allah sedikitpun. dan Allah akan memberi balasan kepada orang-orang yang bersyukur" (QS. Ali Imran 3/144). Hanca..