Kiwari geus teu aneh di nagara urang ngenaan perbedaan awal puasa atawa poe 
idul fitri. Pikeun masalah ieu, hayu urang toong jeng tempo nash-nash anu kudu 
jadi pegangan sakabeh Ummat Islam dina ngaharepan masalah ieu. Kaum muslimin 
kudu ngayakinan ngenaan wajibna taat ka pamarentah dina perkara anu henteu 
bertentangan jeung ajaran Islam. Hal eta disasarkeun firman Allah Swt. sakumah 
dihandap ieu :
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا أَطِيعُوا اللَّهَ وَأَطِيعُوا  الرَّسُولَ 
وَأُولِي الْأَمْرِ مِنْكُمْ 
"Hai jalma anu ariman, taat ka Allah jeung taat ka Rasul (Na), jeung ulil amri 
diantara maraneh" (QS. An-Nisa : 59).
 
Ulil amri nyaeta para ulama jeung pamarentah (pangawasa), sakumaha anu 
disebutkeun ku Al Imam Ibnu Katsir rahimahumullah dina tafsirna (Tafsir Al 
Qur'anil 'Adzim, 1/530). 
Sauarang sahabat Nabi Sawr. anu ngaranna Al-Irbadh Ra. ngomongkeun :

صَلَّى  بِنَا رَسُولُ اللهِ n ذَاتَ يَوْمٍ ثُمَّ أَقْبَلَ عَلَيْنَا فَوَعَظَنَا 
 مَوْعِظَةً بَلِيغَةً ذَرَفَتْ مِنْهَا الْعُيُونُ وَوَجِلَتْ مِنْهَا الْقُلُوبُ 
 فَقَالَ قَائِلٌ: يَا رَسُولَ اللهِ، كَأَنَّ هَذِهِ مَوْعِظَةُ مُوَدِّعٍ،  
فَمَاذَا تَعْهَدُ إِلَيْنَا؟ فَقَالَ: أُوصِيكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعِ  
وَالطَّاعَةِ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًّا فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ بَعْدِي  
فَسَيَرَى اخْتِلَافًا كَثِيرًا، فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ  
الْمَهْدِيِّينَ الرَّاشِدِينَ تَمَسَّكُوا
 بِهَا وَعَضُّوا عَلَيْهَا  بِالنَّوَاجِذِ وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ 
الْأُمُورِ فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ  بِدْعَةٌ وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلَالَةٌ

"Hiji poe Rasulallah Saw. shalat ngimaman kami, terus anjeuna nyanghareupkeun 
penteuna ka kami bari mere nasehat ka kami ku nasehat anu pang jerona. Cai 
panon ngarumbai jeung qalbu ngarasa ngageter kusababna. Mangka saurang sahabat 
ngomong "Nun Rasulallah, ieu sapertina nasehat paturay tineung. Tuluy naon anu 
baris diwasiatkeun ka kami?" Anjeunna Saw. ngadawuh "Kuring wasiatkeun ka 
aranjeun pikeun taraqwa ka Allah Swt., ngadenge jeung taat (ka pangawasa) 
sanajan manehna saurang budak sahaya ti Habsyah (Ethiopia. 
red)..........................................."
 
Dumasar nash eta, pikeun kaum muslimin wajib taat kana kaputusan 
Pamarentah  anu bakal diputuskeun dina raraga ngajalankeun waktu/poe awal 
Ramadhan.
 
Wallahu'alam

Kirim email ke