Kang Erwin anu kasep,
Naha leres pamarentah henteu bener, da henteu kabeh meureun, pastina aya anu 
masih keneh waras. Ulil Amri teh nyaeta Ulama jeung Umaro (Pamarentah).
Sakumaha anu tos didawuhkeun ku Rasulallah Saw. pikeun ngamimitian Ramadhan 
jeung Idul Fitri atawa Idul Adha babarengan jeung Jamaah (Pamarenta) diantara 
urang. Bangsa Arab nuturkeun kaputusan pamarentah Arab, Bangsa Malaysia 
nuturkeun kaputasan Pamarentah Malaysia, Bangsa Iraq nuturkeun kaputasn 
pamarentahna, kitu deui jeung urang salaku Bangsa Indonesia nya kudu nuturkeun 
kaputusan Pamarentah urang. 
Ayeuna urang tingali dawuhan Nabi Saw. anjeunna ngadawuh :
الصوم يوم تصومون، والفطر يوم تفطرون، والأضحى يوم تضحون
 
"Poe mimitian puasa nyaeta poe mangsa maraneh kabeh paruasa (nyaeta bareng 
jeung Pamarentah), poe 'Idul Fitri nyaeta poe mangsa maraneh kabeh 'Idul Fitri 
jeung jamaah (Pamarentah) jeung poe Idul Adha nyaeta poe mangsa maraneh kabeh 
'Idul Adha (yakni bareng jeung pamarentah). (HR. At-Tirmidzi No. 697).
Oge dawuhan Nabi Saw. :
صوموا لرؤيته وأفطروا لرؤيته ، فإن غم عليكم فأكملوا العدة
 "Paruasa maraneh dumasar kana ru'yatul hilal jeung Idul Fitri maraneh dumasar 
kana ru'yatul hilal. Mun kahalangan mendung ti maraneh, mangka sampurnakeun 
bilangan (ngajadi 30 poe). (HR. Muslim No. 1081).
Sakabeh kaum muslimin Indonesia nyaeta maranehna kudu nuturkeun kaputusan 
pamarentah dina netepkeun awal Ramadhan, Idul Fitri, Idul Adha. Urang kudu 
percaya yen Pamarentah boga perangkat jeung personnel dina urusan ieu. 
Pamarentah ngagunakeun sistim ru'yatul hilal jeung istikmal sabage landasan 
dina nentukeun awal Ramadhan, Idul Fitri jeung Idul Adha.

Dalil pikeun nuturkeun Pamarentah geus jelas dina al Al Qur'an :يَا أَيُّهَا 
الَّذِينَ آَمَنُوا أَطِيعُوا اللَّهَ وَأَطِيعُوا الرَّسُولَ وَأُولِي الْأَمْرِ 
مِنْكُمْ
 "Hai jalma anu ariman, taat ka Allah jeung taat ka Rasul (Na), jeung ulil amri 
diantara maraneh" (QS. An-Nisa : 59).
Ulil amri nyaeta para ulama jeung pamarentah (pangawasa), sakumaha anu 
disebutkeun ku Al Imam Ibnu Katsir rahimahumullah dina tafsirna (Tafsir Al 
Qur'anil 'Adzim, 1/530). 
Sauarang sahabat Nabi Sawr. anu ngaranna Al-Irbadh Ra. ngomongkeun : 

صَلَّى بِنَا رَسُولُ اللهِn ذَاتَ يَوْمٍ ثُمَّ أَقْبَلَ عَلَيْنَا فَوَعَظَنَا 
مَوْعِظَةً بَلِيغَةً ذَرَفَتْ مِنْهَا الْعُيُونُ وَوَجِلَتْ مِنْهَا الْقُلُوبُ 
فَقَالَ قَائِلٌ: يَا رَسُولَ اللهِ، كَأَنَّ هَذِهِ مَوْعِظَةُ مُوَدِّعٍ، 
فَمَاذَا تَعْهَدُ إِلَيْنَا؟ فَقَالَ: أُوصِيكُمْ بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعِ 
وَالطَّاعَةِ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًّا فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ بَعْدِي 
فَسَيَرَى اخْتِلَافًا كَثِيرًا، فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ 
الْمَهْدِيِّينَ الرَّاشِدِينَ تَمَسَّكُوا بِهَا
 وَعَضُّوا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ الْأُمُورِ 
فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلَالَةٌ

"Hiji poe Rasulallah Saw. shalat ngimaman kami, terus anjeuna nyanghareupkeun 
penteuna ka kami bari mere nasehat ka kami ku nasehat anu pang jerona. Cai 
panon ngarumbai jeung qalbu ngarasa ngageter kusababna. Mangka saurang sahabat 
ngomong "Nun Rasulallah, ieu sapertina nasehat paturay tineung. Tuluy naon anu 
baris diwasiatkeun ka kami?" Anjeunna Saw. ngadawuh "Kuring wasiatkeun ka 
aranjeun pikeun taraqwa ka Allah Swt., ngadenge jeung taat (ka pangawasa) 
sanajan manehna saurang budak sahaya ti Habsyah (Ethiopia. 
red)..........................................." 
Wilujeung Shaum kang Erwin
 
  Dari: Tubagus Erwin S. <tb_er...@yahoo.com>
Kepada: "wongban...@yahoogroups.com" <wongban...@yahoogroups.com> 
Dikirim: Rabu, 18 Juli 2012 20:39
Judul: Bls: [WongBanten] PUASA MENGIKUTI KEPUTUSAN PEMERINTAH



 
   
 
kumaha mun pamarentahna teu bener siga negeri urang kiwari??kudu tuturut 
munding bae...

wassalam,


Tubagus Erwin S.


________________________________
      .   

      

Kirim email ke