Hayu urang sasarengan, nu saum dinten ieu atanapi enjing, atanapi nu kamarina.. 
Mugia ditampi sadayana ku allah swt.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Gunawan Yusuf <gunawanyusu...@gmail.com>
Sender: kisunda@yahoogroups.com
Date: Fri, 20 Jul 2012 08:12:39 
To: <wongban...@yahoogroups.com>
Reply-To: kisunda@yahoogroups.com
Cc: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>
Subject: [kisunda] Re: [WongBanten] PUASA MENGIKUTI KEPUTUSAN PEMERINTAH

tadi wengi simkuring nongton tv keputusan pemrintah tentang awal puasa
ramadhan, ditingal tina alasanna asup akal, jalaran aya bukti realistis
diantaranya nganggo teropong canggih anu tantosna leuwih canggih batan mata
wungkul

2012/7/19 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>

> **
>
>
> Kang Erwin anu kasep,
> Naha leres pamarentah henteu bener, da henteu kabeh meureun, pastina aya
> anu masih keneh waras. Ulil Amri teh nyaeta Ulama jeung Umaro (Pamarentah).
> Sakumaha anu tos didawuhkeun ku Rasulallah Saw. pikeun ngamimitian
> Ramadhan jeung Idul Fitri atawa Idul Adha babarengan jeung Jamaah
> (Pamarenta) diantara urang. Bangsa Arab nuturkeun kaputusan pamarentah
> Arab, Bangsa Malaysia nuturkeun kaputasan Pamarentah Malaysia, Bangsa Iraq
> nuturkeun kaputasn pamarentahna, kitu deui jeung urang salaku Bangsa
> Indonesia nya kudu nuturkeun kaputusan Pamarentah urang.
> Ayeuna urang tingali dawuhan Nabi Saw. anjeunna ngadawuh :
> الصوم يوم تصومون، والفطر يوم تفطرون، والأضحى يوم تضحون
>   "Poe mimitian puasa nyaeta poe mangsa maraneh kabeh paruasa (nyaeta
> bareng jeung Pamarentah), poe 'Idul Fitri nyaeta poe mangsa maraneh kabeh
> 'Idul Fitri jeung jamaah (Pamarentah) jeung poe Idul Adha nyaeta poe mangsa
> maraneh kabeh 'Idul Adha (yakni bareng jeung pamarentah). (HR. At-Tirmidzi
> No. 697).
> Oge dawuhan Nabi Saw. :
> صوموا لرؤيته وأفطروا لرؤيته ، فإن غم عليكم فأكملوا العدة
>  "Paruasa maraneh dumasar kana ru'yatul hilal jeung Idul Fitri maraneh
> dumasar kana ru'yatul hilal. Mun kahalangan mendung ti maraneh, mangka
> sampurnakeun bilangan (ngajadi 30 poe). (HR. Muslim No. 1081).
> Sakabeh kaum muslimin Indonesia nyaeta maranehna kudu nuturkeun kaputusan
> pamarentah dina netepkeun awal Ramadhan, Idul Fitri, Idul Adha. Urang kudu
> percaya yen Pamarentah boga perangkat jeung personnel dina urusan ieu.
> Pamarentah ngagunakeun sistim ru'yatul hilal jeung istikmal sabage landasan
> dina nentukeun awal Ramadhan, Idul Fitri jeung Idul Adha.
>
> Dalil pikeun nuturkeun Pamarentah geus jelas dina al Al Qur'an :
> يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا أَطِيعُوا اللَّهَ وَأَطِيعُوا الرَّسُولَ
> وَأُولِي الْأَمْرِ مِنْكُمْ
>  "Hai jalma anu ariman, taat ka Allah jeung taat ka Rasul (Na), jeung
> ulil amri diantara maraneh" (QS. An-Nisa : 59).
> Ulil amri nyaeta para ulama jeung pamarentah (pangawasa), sakumaha anu
> disebutkeun ku Al Imam Ibnu Katsir rahimahumullah dina tafsirna (Tafsir Al
> Qur'anil 'Adzim, 1/530).
> Sauarang sahabat Nabi Sawr. anu ngaranna Al-Irbadh Ra. ngomongkeun :
>
> صَلَّى بِنَا رَسُولُ اللهِ n ذَاتَ يَوْمٍ ثُمَّ أَقْبَلَ عَلَيْنَا
> فَوَعَظَنَا مَوْعِظَةً بَلِيغَةً ذَرَفَتْ مِنْهَا الْعُيُونُ وَوَجِلَتْ
> مِنْهَا الْقُلُوبُ فَقَالَ قَائِلٌ: يَا رَسُولَ اللهِ، كَأَنَّ هَذِهِ
> مَوْعِظَةُ مُوَدِّعٍ، فَمَاذَا تَعْهَدُ إِلَيْنَا؟ فَقَالَ: أُوصِيكُمْ
> بِتَقْوَى اللهِ وَالسَّمْعِ وَالطَّاعَةِ وَإِنْ عَبْدًا حَبَشِيًّا
> فَإِنَّهُ مَنْ يَعِشْ مِنْكُمْ بَعْدِي فَسَيَرَى اخْتِلَافًا كَثِيرًا،
> فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِي وَسُنَّةِ الْخُلَفَاءِ الْمَهْدِيِّينَ
> الرَّاشِدِينَ تَمَسَّكُوا بِهَا وَعَضُّوا عَلَيْهَا بِالنَّوَاجِذِ
> وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ الْأُمُورِ فَإِنَّ كُلَّ مُحْدَثَةٍ بِدْعَةٌ
> وَكُلَّ بِدْعَةٍ ضَلَالَةٌ
>  "Hiji poe Rasulallah Saw. shalat ngimaman kami, terus anjeuna
> nyanghareupkeun penteuna ka kami bari mere nasehat ka kami ku nasehat anu
> pang jerona. Cai panon ngarumbai jeung qalbu ngarasa ngageter kusababna.
> Mangka saurang sahabat ngomong "Nun Rasulallah, ieu sapertina nasehat
> paturay tineung. Tuluy naon anu baris diwasiatkeun ka kami?" Anjeunna Saw.
> ngadawuh "Kuring wasiatkeun ka aranjeun pikeun taraqwa ka Allah Swt.,
> ngadenge jeung taat (ka pangawasa) sanajan manehna saurang budak sahaya ti
> Habsyah (Ethiopia. red)..........................................."
> Wilujeung Shaum kang Erwin
>
>   *Dari:* Tubagus Erwin S. <tb_er...@yahoo.com>
> *Kepada:* "wongban...@yahoogroups.com" <wongban...@yahoogroups.com>
> *Dikirim:* Rabu, 18 Juli 2012 20:39
> *Judul:* Bls: [WongBanten] PUASA MENGIKUTI KEPUTUSAN PEMERINTAH
>
>
> kumaha mun pamarentahna teu bener siga negeri urang kiwari??kudu tuturut
> munding bae...
>
> wassalam,
>
> Tubagus Erwin S.
>        .
>
>
>
>   
>

Kirim email ke