Wah ti ayeuna kapayun mah, teras lalampahan Mawar Hideung; panginten dugi ka 
Lebaran mah; tapi kapan Jalma nyaksian eta dongengna Maawar Hideung; da kapan 
model wartawan, urang nuturkeun Jalma; ari Jalma aayeuna keur nuturkeun 
dongengna Mawar Hideung.


--- In kisunda@yahoogroups.com, Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> bah Aa ulah lila teuing atuh flashback-na. teu sabar yeuh hayang nyaho 
> lalampahan jalma kumaha tah terusanna..:)
> 
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <kisunda@yahoogroups.com>; urangsunda 
> <urangsu...@yahoogroups.com> 
> Dikirim: Selasa, 17 Juli 2012 8:57
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 229
>  
> 
>   
> Eta Lima
> Jagoan teh can waka nyerang, lantaran masih lebar ku kageulisanana; tapi
> Lasmini mah boro2 kaciri sieun, malah sigana teu ngareret2 acan ka nu limaan. 
> 
> 
> Malah terus seuri:”Hahahaha ! Eh nu limaan, ayeuna tong sambat kaniaya, 
> kabeh
> bakal diperenan ayeuna !”
> 
> Nu tadina
> soara Lasmini halimpu, ayeuna mah kaciri tatag, teges jeung wibawaan. 
> 
> 
> Tong boro
> eta nu limaan, dalah Lasmini oge ngarasa kaget sorangan. Nyata beda sorana ;
> anu tadina halimpu, ayeuna mah heuras jeung teger. Eta lantaran perbawa tanaga
> jero nu dibarung kakeuheul kaluar nyalur ka na sorana.
> 
> Nu limaan
> gancang ngaheumbatkeun bedogna masing2; tapi can ge jurusna kaluar prak ! 
> prang
> ! kolomprang ! Ngan sakilat2 Lasmini miheulaan, eta kabeh bedog teu mangga
> pulia marecleng sapada harita.
> 
> Geus kitu
> mah berelet we kalabur nu limaan teh lantaran ayeuna mah nyaho yen nu
> disanghareupan lain Pesilat biasa; dituturkeun we ku Lasmini nepi ka imah
> Astrajingga.
> 
> Barang nempo
> yen Lasmini nuturkeun, Ki Astrajingga terus susuit; harita keneh rajol belasan
> jelema bari marawa pakarang, aya tumbak, bedog jste.
> 
> Barang rek
> ngaraponan, Lasmini geus luncat miheulaan; lima jelema nu pangheulana rek
> ngoroyok langsung ting jarungkel, bari teu hudang deui ! Ayeuna Lasmini enyaan
> ngaluarkeun elmuna.
> 
> Nu sejenna
> karaget pisan; tapi can ge leungit ti na karagetna Lasmini geus nyamber deui
> kawas Manuk Walet nu nyamber lauk ! Ting jarungkel deui wae aya dalapanna bari
> terus kapaehan !
> 
> Ki
> Astrajingga jeung opat baladna kaciri reuwas jeung sieun ayeuna mah, terus rek
> nyoba ngalawan satekah polah; tapi elmu hampang raga Lasmini jauh saluhureun
> maranehna; atuh nu limaan oge harita keneh ting galusrak dijadikeun sasaran ku
> Lasmini.
> 
> Nu limaan
> bari ngarasa awak asa pasiksak jeung leleus pisan, terus we careurik ampun2an,
> ulah dicabut nyawa cenah.
> 
> “Heh
> arilaing ari ka nu lemah mah nindes; tapi lamun dilawan ku nu saimbang, 
> maraneh
> ampun2an. Hayoh siah gerak deui ayeuna; bakal diperenan ayeuna keneh !”
> 
> Eta nu
> limaan mani ngahodhod nirisan ku sieun2na. Ayeuna mah nenjo Lasmini teh 
> saperti
> nempo malakal Maut; enyaan sieuneun pisan eta nu limaan teh; nepi ka dut2
> hitut, jeung wer2 kiih teh enyaan.
> 
> “Heh
> dengekeun; ieu imah arilaing ku Kula rek diduruk ! Naha rek ngantep hah !?”
> 
> “Aduuuh
> ampuuun Dewi ampuuun, pek we rek diduruk ge, asal Kuring limaan ulah dipaehan
> we. Ngan eta kuring boga dunya brana dijero, lebar mun kaduruk mah.”
> 
> “Eh ti saha
> maraneh nyaho ngaran Kula Hah !?”
> 
> Nu limaan
> rareuwas deui kakara apal yen eta Dewi teh memang ngaran eta wanoja; da
> maranehna mah nyebut Dewi soteh ngawujuk supaya maranehna dibere ampun. 
> 
> “Adduuuh
> Pendekar … ampuun …. Eee saha gelar anjeun Pendekar !?”
> 
> “Sebut we
> Mawar Hideung !” cek Lasmini sangeunahna. Lantaran Lasmini inget asal 
> dijurung
> ku ibuna metik kembang Ros beureum; sok aya katenjo nyengceling hiji kembang
> Mawar nu rupana hideung; kembangna tiap jadi ngan ukur hiji, taya duana; nu
> matak Lasmini cop we ka ngaran eta; ku sabab ditanya nya sakainget we manehna
> ngajawab. Tapi eta ngaran Kapendekaran teh memang saterusna dipake Ku Lasmini
> pikeun dikenal di na kalangan kapendekaran.
> 
> “Ampun
> Pendekar Mawar Ireng; kuring seja taluk ka sampeyan; sagala harta kuring
> sakabeh kop we keur sampeyan; kula Pasrah.
> 
> “Sok atuh
> kaluarkeun kabeh harta sampeyan ! awas mun disumputkeun !”Lasmini geus
> ngagertak deui.
> 
> Enyaan
> Lasmini mah aya getih turunan Pendekar, nu matak otomatis pisan parentah2na 
> teh
> teu ragu2. Nya harita keneh sagala perhiasan dikaluarkeun hareupeun Lasmini; 
> ku
> Lasmini dibagikeun ka 6 pamajikan Ki Astrajingga, terus disina ngajauhan 
> tempat
> eta.
> 
> Aya oge
> duit, Lasmini nyokot kira2 50 Gulden; terus nyentak:”Heh maraneh nu limaan !
> panasaran ieu harta sampeyan dicokot ku Kaula !?”
> 
> “Oooh Kula
> sadaya sumerah kumaha Mawar Hideung we !” Nyorowok nu limaan, da geus Kacida
> sieunna.
> 
> Lasmini teu
> nyokot loba2 terus we mulangkeun sesa duit jeung perhiasan ka Astrajingga;
> terus pesen :”Eh Astrajingga ! Kula sawaktu waktu bakal liwat kadieu ! awas
> lamun Kula ngadenge sampeyan teu beres, ulah sambat kaniaya Kula bakal merenan
> sampeyan sakabeh !”
> 
> “Diestokeun
> pisan ! cenah sababaraha kali.
> 
> Ti dinya mah
> Lasmini Dewi demo ngan sakilat luncat, les we teu katenjo deui.
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    kisunda-dig...@yahoogroups.com 
    kisunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    kisunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke