Syaikh Abdurrahman As Sa'di rahimahullah ngecapkeun : "Dina ayat anu mulia ieu aya patunjuk ti Allah pikeun para hamba sangkan kokoh dina hiji kondisi, henteu oyag (endag) kaimanana atawa sabagian konsekuensi kaimanana akibat kapakuman pamimpin, sanajan eta sulit. Kukitu ieu henteu meunang direalisir, kacuali ku nyiapkeun sakabeh urusan agama ku sajumlah jalma anu ngabogaan kamampuan. Mun leungit salah sahijina, mangka aya jalma lain anu ngagantikeun. Jeung kuduna sakabeh kaum mukmin ngabogaan tujuan ngajegkeun agama Allah jeung berjihad sakamampuna. Jeung kuduna maranehna henteu ngabogaan tendensi pamimpin tertentu, kukituna sakabeh urusan maranehna jadi pageuh (stabil). Hadits Nabi Saw. : أَنَّ عُمَرَ بْنَ الْخَطَّابِ أَتَى النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ بِكِتَابٍ أَصَابَهُ مِنْ بَعْضِ أَهْلِ الْكُتُبِ فَقَرَأَهُ النَّبِيُّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فَغَضِبَ فَقَالَ أَمُتَهَوِّكُونَ فِيهَا يَا ابْنَ الْخَطَّابِ وَالَّذِي نَفْسِي بِيَدِهِ لَقَدْ جِئْتُكُمْ بِهَا بَيْضَاءَ نَقِيَّةً لَا تَسْأَلُوهُمْ عَنْ شَيْءٍ فَيُخْبِرُوكُمْ بِحَقٍّ فَتُكَذِّبُوا بِهِ أَوْ بِبَاطِلٍ فَتُصَدِّقُوا بِهِ وَالَّذِي نَفْسِي بِيَدِهِ لَوْ أَنَّ مُوسَى صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ كَانَ حَيًّا مَا وَسِعَهُ إِلَّا أَنْ يَتَّبِعَنِ "Umar bin Khatab ra. (datang) ka Nabi Saw. bari mawa hiji kitab anu manehna menang ti sabagian Ahli Kitab. Tuluy Nabi dibacakeun kitab eta. Nabi marah jeung ngadawuh "Naha maneh ngarasa bingung ku naon anu aya di jerona wahai anak Khattab? Demi Dzat anu jiwa kuring aya dileungeun-Na, Bener kuring geus datang ka maraneh bari mawa hiji hal anu jelas. Singhade maraneh tumanya ka Ahli Kitab ngenaan hiji hal, kusabab (meureun ,red) maranehna bakal mere nyaho maraneh hiji kabeneran, namung maraneh ngadustakeunna. Atawa maraneh ngabarkeun hiji kabatilan, namung maraneh percaya. Demi Dzat anu jiwa kuring aya dilengeun-Na. Saumpama Musa masih hirup, mangka wajib pikeunna pikeun nuturkeun kuring". (H.R. Ahmad, Ibnu Abi Ashim)
Ti Anas bin Malik ra., anjeunna ngomong : "Rasulallah Saw. ngadawuh : لَا تَعْجَبُوا بِعَمَلِ أَحَدٍ حَتَّى تَنْظُرُوا بِمَا يُخْتَمُ لَهُ فَإِنَّ الْعَامِلَ يَعْمَلُ زَمَانًا مِنْ دَهْرِهِ أَوْ بُرْهَةً مِنْ دَهْرِهِ بِعَمَلٍ صَالِحٍ لَوْ مَاتَ عَلَيْهِ دَخَلَ الْجَنَّةَ ثُمَّ يَتَحَوَّلُ فَيَعْمَلُ عَمَلًا سَيِّئًا وَإِنَّ الْعَبْدَ لَيَعْمَلُ زَمَانًا مِنْ دَهْرِه بِعَمَلٍ لَوْ مَاتَ عَلَيْهِ دَخَلَ النَّارَ ثُمَّ يَتَحَوَّلُ فَيَعْمَلُ عَمَلًا صَالِحًا فَإِذَا أَرَادَ اللَّهُ بِعَبْدٍ خَيْرًا اسْتَعْمَلَهُ قَبْلَ مَوْتِهِ فَوَفَّقَهُ لِعَمَلٍ صَالِحٍ "Singhade (janganlah) maraneh ngarasa heran kana amalan hiji jalma, sahingga maraneh nempo amalan akhir hayatna, kusabab mungkin hiji jalma beramal dina hiji waktu ku amalan anu shalih, anu saumpana manehna maot, mangka manehna asup surga. Tatapi (akan tetapi) manehna obah jeung ngamalkeun kalakuan goreng. Jeung mungkin hiji jalma ngamalkeun dina hiji waktu ku hiji amalan goreng, anu saumpamana manehna maot, mangka bakal asup naraka. Tatapi (akan tetapi) manehna obah jeung ngamalkeun ku amalan sholeh, maka mun Allah mikahayang hiji kahadean ka saurang hamba, Allah bakal nunjukkeun saencan manehna maot jeung mere raufik ka manehna pikeung ngamalkeun amalan shalih". (Dikaluarkeun ku Ibnu Abi Ashim dina kitab As-Sunnah 1/174). Oge ti anjeunna (Anas bin Malik ra.), Nabi Saw. ngadawuh : لَا عَلَيْكُمْ أَنْ لَا تَعْجَبُوا بِأَحَدٍ حَتَّى تَنْظُرُوا بِمَ يُخْتَمُ لَهُ "Singhade (janganlah) maraneh heran ku saurang jalma sampe maraneh mikanyaho kana amal naon manehna ngaakhiran hirupna" (Dikaluarkeun ku Ibnu Abi Ashim) Oge ti anjeunna (Anas bin Malik ra) Nabi Saw. ngadawuh : يَخْرُجُ فِيكُمْ أَوْ يَكُوْنُ فِيكُمْ قَوْمٌ يَتَعَبَّدُونَ وَيَتَدَيَّنُوْنَ حَتَّى يُعْجِبُوكُم وَتُعْجِبُهُمْ أَنْفُسُهُمْ يَمْرُقُونَ مِنْ الدِّينِ كَمَا يَمْرُقُ السَّهْمُ مِنْ الرَّمِيَّةِ "Bakal kaluar atawa bakal aya ti maraneh hiji kaum anu ibadah jeung taat agamana, sahingga maraneh ngarasa takjur ka maranehna jeung maranehna bangga kana diri maranehna. Maranehna kaluar ti agama saperti kaluarna anak panah tina busurna" (Dikaluarkeun ku Ibnu Abi Ashim). Tilu hal anu ngancurkeun agama Ti Umar bin Khattab ra., anjeunna ngomong yen Rasulallah Saw. ngadawuh : ثَلاَثٌ يَهْدِمَنَّ الدِّيْنَ : زَلَّةُ عَالِمٍ وَجِدَالُ مُنَافِقٍ بِالْقُرْآنِ وَأَئِمَّةٌ مُضِلَّوْنَ "Tilu hal anu ngancurkeun agama : kasalahan saurang alim, perdebatan jalma munafek anu ngagunakeun al Qur'an jeung para imam anu nyesatkeun" (Dikaluarkeun ku Ibnu Abdil Barr dina kitab Jami' Bayan Ilmu Wa Fadlihi). Ti Abu Darda' ra., anjeunna ngomong yen Rasulallah Saw. ngadawuh : إِنَّ مِمَّا أَخْشَى عَلَيْكُمْ زَلَّةَ الْعَالِمِ وَجِدَالَ الْمُنَافِقِ بِالْقُرْآنِ وَالْقُرْآنُ الْحَقُّ وَعَلَى الْقُرْآنِ مَنَارٌ كَأَعْلاَمِ الطَّرِيْقِ "Saestuna diantara anu kuring hariwangkeun ti maraneh nyaeta kasalahan jalma anu alim, perdebatan jalma munafek ku al Qur'an. Samantara Al Qur'an nyaeta hiji kabeneran, di luhurna aya cahaya saperti rambu-rambu pikeun jalan" (Dikaluarkeun ku Ibnu Abdil Barr dina kitab Jami' Bayan Ilmu Wa Fadlihi). Jeung ti Ibnu Abbas ra., anjeunna ngomong "Cilaka jalma-jalma anu ngabuntut kusabab kasalahan-kasalahan jalma alim". Anjeunna ditanya : "Kumaha eta bisa ngajadi?" Anjeunna ngomong : "Saurang alim ngomong ngenaan hiji hal dumasar pandapatna, tuluy anu nuturkeun pandapatna jalma anu leuwih nyaho ngenaan Rasulallah Saw. ti imamna, tapi manehna ninggalkeun omongan jalma anu leuwih nyaho kasebut, tuluy anu nuturkeun eta indit" Ali bin Abi Thalib ra. ngomong : "Singhade (janganlah) maraneh nyokot saurang jalma sabage tauladan, kusabab kadang saurang jalma beramal ku amalan ahli surga, tuluy manehna maralik kusabab ilmu Allah jeung beramal ku amalan ahli naraka, tuluy manehna maot, sahingga ngajadi ahli naraka. Jeung kadang saurang jalma beramal ku amalan ahli naraka, tuluy manehna maralik kusabab ilmu ALlah jeung beramal ku amalan ahli surga, tuluy manehna maot, terus manehna ngajadi ahli surga. Sanajan maneh kudu nuturkeun saurang jalma, mangka tuturkeun jalma-jalma anu geus maot lain jalma anu masih hirup" (Al Jami' Ibnu Abdil Barr). Hanca.........