TAULADAN ANU HADE
Ibnu Mas'ud ra. ngomong "Sing ingeut. Ulah sakali-kali salah saurang diantara 
maraneh bertaqlid ka saurang dina masalah agama, mun panutanna ariman, maneh 
ilu ariman, jeung mun panutanna kufur, maneh ilu kufur. Saestuna henteu aya 
tauladan ti manusa".
 
Anjeunna oge ngomong : "Sing saha diantara maraneh anu hayang ngajadikeun 
saurang sabage panutan, mangka jadikeun bae jalma anu geus maot sabage panuta. 
Kusabab anu masih keneh hirup henteu aman tina fitnah. Maranehna (anu geus 
maot, red) nyaeta para Sahabat Rasulallah Saw. Maranehna nyaeta jalma-jalma anu 
pang utamana (generasi pang alusna) ti imat ieu, hate maranehna pang taqwana, 
pang jerona elmuna, jeung pang saeutik nyusahkeun diri. Allah marilih maranehna 
pikeun ngabaturan Nabi-Na, ngajegkeun agama-Na. Mangka, sing faham kautamaan 
maranehna jeung tuturkeun jejak maranehna". Saestuna maranehna araya di luhur 
jalan anu lurus".
 
Abdullah bin Mubarak ngomong : "Bisa jadi saurang anu ngabogaan kahadean jeung 
atsar anu hade dina Islam, ngagubrag kana kakaliruan jeung kasalahan, mangka 
sing hade ulah dituturkeun kasalahan sarta kakaliruan jalma eta".
 
Imam Malik ngomong : "Henteu sakabeh omongan jalma eta kudu dituturkeun, 
sanajan manehna ngabogaan kautamaan, dumasar firman Allah Swt. :
الَّذِينَ يَسْتَمِعُونَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُونَ أَحْسَنَهُ
"Anu ngadengekeun omongan terus nuturkeun naon anu pang hadena di antarana" 
(QS. Az Zumar : 18).
 
Az Zuhri ngomong : "Para ulama urang anu baheula ngomong : Nyekel pageuh kana 
Sunnah nyaeta kasalametan, jeung elmu bakal dicabut ku gancang (cepat). Hirupna 
elmu, hartina katohagaan agama jeung dunya, sedengkeun leungitna elmu hartina 
ancurna sakabeh eta".
 
Al Auz'i ngomongkeun "Diomongkeun, lima hal anu dituju ku sahabat Nabi jeung 
para tabi'in, nyekel pageuh jeung jama'ah, nuturkeun Sunnah, ngamakmurkeun 
masjid, maraca al Qur'an jeung jihad di jalan Allah".
 
Mujahid ngomongkeun : "Henteu aya saurang oge omonganna (meunang, red), dicokot 
jeung ditinggalkeun, kacuali Nabi Saw.
 
Ibnu Khuzaimah ngomong : "Henteu aya saurang oge anu meunang ngomong, kacuali 
mun geus bener kabar ti Rasulallah Saw.
 
NYEKEL PAGEUH KANA SUNNAH
Salayakna keun anu hayang neangan kabeneran jeung nuturkeun Sunnah supaya 
nalikeun dirina kana dasar anu agung jeung jalan anu jelas ieu. Nyaeta nyekel 
pageuh kana Sunnah jeung pri kahirupan para salafus shalih, mangrupa 
pangagungan kana dalil-dalil jeung henteu nentangna ku omongan saha oge, komo 
deui miheulaan omongan jalma kana dalil eta. Jeung kuduna henteu katipu ku 
kahadean saurang jalma ku amalan hiji jalma. Kusabab jalma anu masih hirup 
henteu aman tina fitnah. Saestuna sahade-hade jalma anu dituturkeun nyaeta Nabi 
Saw. jeung para sahabatna, anu Allah geus mere tazkiyah (pangakuan, red) ka 
maranehna.
 
Allah Swt geus ngadawuh dina kitab-Na jeung Nabi tos wafat. Anjeunna ridha ka 
maranehna jeung para tabi'in anu nuturkeun maranehna . Rasulallah geus ngadawuh 
ngenaan maranehna : 
خَيْرُ النَّاسِ قَرْنِي ثُمَّ الَّذِينَ يَلُونَهُمْ ثُمَّ الَّذِينَ يَلُونَهُمْ
"Sahade-hadena generasi nyaeta generasi kuring, tuluy anu sanggeusna, tuluy anu 
sanggeusna" (Muttafaq'alaih).
 
Sakitu, mudah-mudahan aya manfaatna.
==================================
Artikel ieu ditulis ku Dr. Walid Ar Rabi
Dikutif ti majalah As-Sunnah Edisi 02/Tahun VIII/1425H/2004M. Diterbitkeun ku 
Yayasan Lajnah Istiqomah Surakarta, Jl. Solo - Purwodadi KM. 8, Selokaton 
Gondanrejo, Solo)
Diterjemahkeun ku Adi Abdul Jabbar ti Majalah Al Furqan, Edisi 254 jeung 255
Diterjemahkeun kana basa sunda ku (SP) I. Saprudin, 16 Juli 2012

Kirim email ke