Tah kataji kudongengna, Kang Udin. Taya salahna mun mindeng diposting, naon
ku kapanggih ku dia, ngeunaan Baduy

2012/7/18 Sp Saprudin <udari...@yahoo.co.id>

> **
>
>
> Imah kuring geus mindeng kadatangan (jadi transir) dulur ti Ciboleger,
> Kanekes, Citorek oge Cibedug (Kab. Lebak - Banten). Maranehna datang ka
> Jakarta usaha jualan. Aya anu jualan golok (bedog), madu odeng, kameti,
> gula kawung, jeung sajabana. Kadatangan dulur eta geus lila mimiti tahun
> 1994 sampe ka kiwari (tiap bulan). Ieu gara-garana kuring mun panggih jeung
> urang Baduy di jalan sok ngawaro, tuluy ngarajak maranehna nyimpang ka imah
> bari nyihaneut.
> Sebut bae ngarana Dimah urang Ciboleger, pakeana masih make rok can
> bisaeun make calana panjang atawa kolor. Kuring sok mere calana ka
> maranehna, tapi can pernah dipake, basana teh "Teu wasa". Kadatangan eta
> dulur ti Ciboleger, tensi darah pamajikan kuring jadi naek, kusabab
> sareukseuk isukanna kudu nyeuseuhan sarung bantal, kunaon sababna? Sababna
> dulur ti Ciboleger sarena beda jeung urang salaku masarakat umum. Mun urang
> sare eta bantal pikeun ngaganjel sirah, tapi urang Ciboleger lain pikeun
> sirah, tapi pikeun suku. Ditanya ku kuring "Ari paman mun sare ku naon eta
> anggel dipake ganjel hulu". Ceuk manehna "Apan leuleumpangan kaditu kadieu
> make suku, jadi suku anu kudu dipupusti ja cape-eun eta suku".
> Dimah kiwari geus teu aya dikieuna ja geus maot, anu neruskeun anakna
> sebut bae anakna ngarana Sakim. Beh dieunakeun kuring nenjo aya parobahan
> hirup ka urang Ciboleger. Baheula bapana Sakim (Dimah) mun leuleumpangan
> masih keneh make pakean rok, kwari anakna Sakim geus make calana panjang
> satengah (sampe kana tuur). Baheula bapana sok ngomong teu wasa bae, jeung
> mun ditawaran dahar sok hararese. Dimah mun dahar laukna hayang dibeuleum
> bae, sambelna embung make tarasi cukup cabe digireus jeung uyah make cai
> saeutik. Dimah mun jualan sok nyebutna ojolan (tukeuran/barter). Mun
> manehna jualan madu atawa kameti ojolan jeung uyah atawa gula bodas, mun
> dibayar pake duit embungeun basana "Kami mah butuhna uyah/gula lain duit".
> Beda jeung anakna Sakim anu hirupna geus terkontaminasi budaya luar,
> manehna jualan madu odeng henteu aya istilah ojolan/tukeuran, tapi
> bener-bener jualan kudu dibeuli pake duit. Salain eta dina sarena oge beda
> jeung bapana, bantal sarua jeung urang pake ngaganjel sirah,
> ngan anu can obah nyaeta leuleumpangan kudu jalan suku bae. Sakim geus
> beukieun KFC, geus nyaho udud Dji Sam Soe, da manehna mun datang ka imah
> kuring anu ditanyakeun teh "Lot mana udud samsuna. Lot meuli matabak,
> ngeunah, ja indung budak ge hayangeun di lembur". (matabak = martabak).
>
> Loba picaritaeun ieu, tapi sakitu bae. Anu jadi pikiran kuring teh, mun
> urang Baduy obah pola hirupna, dina hirup tradisional kana hirup masarakat
> umum (modern), kuring pasti jeung yakin eta Gunung Kendeng anu jadi
> leuweung salindungan masyarakat Baduy bakal beak. Kunaon sababna, sabab
> pola hidup komunal anu sederhana, jeung tabu kana sagala hal-hal anu
> dilarang ku karuhun ti masarakat Baduy, mun ditinggalkeun budaya eta,
> mangka lambat laun masarakat Baduy bakal nuju kana masyarakat sarakah.
> Dampaknya jelas, jika masyarakat Baduy sudah terkontaminasi budaya
> masyarakat luar (umum), niscaya pola hidup juga akan berubah terutama pola
> bercocok tanah dari tradisi ngahuma menuju masyarakat nyawah yang
> memerlukan irigasi dan air. Dari sana akan merambah kepada pola hidup
> konsumtif, yang lambat laun kelestarian hutan akan ikut terkikis juga.
> Conto sederhana si Sakim eta, geus beukieun KFC jeung martabak, geus ngudud
> Samsu.
> Bukankah masarakat kita yang modern adalah masyarakat sarakah?
>
> Wallahu'alam.
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke