Serangan ieu
teu kaburu dicingcetkeun, kapaksa ditakis barang plok ! diadu leungeun; Mawar
Hideung ngarasakeun leungeunna asa komper. 


Si Tapak
Waja barang nempo Mawar Hideung nakis, manehna bungah pisan, potong siah
leungeun maneh, cek dina hatena. Tapi barang diadu leungeun, leungeunna
ngageter, tanda si Mawar Hideung oge boga tanaga jero nu lumayan luhur. Masing
enya umurna budak keneh pisan. 


Mawar Hideung
ayeuna mah leuwih waspada lantaran ieu tilu musuhna teh tangtu jarago
tiluanana; jadi teu bisa sambarangan ngalawanana. 


Waktu di
Cirebon, Mawar Hideung nitah tukang beusi mang nyieunkeun senjata rasiah, nu
wujudna peso laleutik tapi sareukeut; nu leuwih ampuh ti batan batu laleutik.
Tah nya manehna ayeuna siap2 rek ngagunakeun eta senjata rasiah; supaya bisa
ngelehkeun ieu lawan tilu nu kaciri jarago kabeh. 

Mangkaning manehna boga kira2
limapuluhan siki mah eta senjata rasiah teh. 


Nu Tiluan
ayeuna mah maphum, yen enyaan ieu pendekar awewe teh lain ngaran bohongan;
enyaan Mawar Hideung teh hebat. Maranehna ayeuna mah teu wani gagabah nyerang
deui; tapi ngarapetan Mawar Hideung bari waspada; ari anak buah mah ngan ukur
ngacung2 bedog we ti kajauhan bari pating corowok, teu wani maju; da maranehna
ayeuna mah sadar yen maranehna keur nyanghareup an hiji Pendekar Ngora nu jago
pisan. Lain sisiwo. Sawareh aya nu laporan ka Markas. 


Tah keur
silih perong bari waspada kitu, kadenge aya sora nu matak ngajelengeng ka na
ceuli; sora seuri bari dieusian ku tanaga jero. Hahahahaha. 


Barang
eureun sora seuri jol we hareupeun eta nu tarung hiji jelema nu beungeutna
pinuh ku tapak harideung; bajuna hideung teu dikancingkeun, atuh kaciri awakna
nu oge raca harideung. Ieu akibat ti na sok ngalatih Racun. 


Wah ieu mah
badis siga jurig jarian tea meureun; cek Mawar Hideung di na hatena. 


Eta nu
datang teh tangtu Pamimpin kumpulan Siluman Laut Kaler ! Nya eta Si Raja Racun;
lantaran para anak buah begal kaciri salusurakan nyambut eta nu datang. 


Barang nempo
Mawar Hideung, eta jelema goreng sopak teh seuri deui :”Hahahaha, nyata
kajagoan Mawar Hideung lain beja ! Enyaan jagona ! Tapi PIYAN moal kuat ; Piyan
masih budak keneh, maning PIYAN milu ka Ulun. Ulun bakal nempatkeun Piyan 
ditempat
Istimewa di ieu Kumpulan. Hahaha !”
HANCA
 

Kirim email ke