Serangan
ayeuna nu dilakukeun ku Si Setan Alas Kobar; make jurus kombinasi nyorowok di
Kidul; tapi beunang di Wetan, ieu ge salah sahiji jurus tipuan. 


Ku panonna
nu awas Mawar Hideung ngarti, yen eta serangan teh tipuan tapi ku manehna ge
dilayanan; lantaran nu Ilmu Silatna model Si Setan Alas kobar; enya ge tipuan,
tapi mun manehna teu waspada eta jurus tipuan, bisa jadi jurus saenyana. 

Nu
matak Mawar Hideung ngalayanan, kalawan nurutkeun naon nu dipikahayang ku Si
Setan Alas Kobar. 


Si Setan
Alas Kobar, bungah nyangka yen jurus tipuanana ayeuna mah hasil; tapi teu
kanyahoan di ahir jurus Mawar Hideung ngobah saeutik jurusna; tina ngasup an ka
na dada jadi ngasupan ka na harigu ! 


Kaget si
Setan Alas kobar; padahal manehna geus nyiapkeun jurusna pikeun malincet
tinggangan musuh ka na dada; bari sakalian males ku jurus nu leuwih kuat deui;
tapi ditengah jalan teu disangka Mawar Hideung; bisa kesit kitu; ngobah
jurusna; atuh rada kaget si Setan Alas Kobar. 


Tapi manehna
lain ge Si Setan Alas Kobar, mun ku kitu2 wae kadesek mah; manehna gancang
ngulawing ka kenca sirah jeung hariguna malincet; ayeuna posisina jadi tanggah
ka luhur; sakalian suku nu katuhuna najong ka hareup. 


Plak ! Mani
tepat pisan sukuna najong ka na leungeun katuhu Mawar Hideung. 


Mawar
Hideung waktu harita teu bisa nyingcet deui, lantaran nyangka bakal hasil
nonjok harigu si Setan Alas Kobar; karasa leungeunna rada nyeri katajong; tapi
lain ge Mawar Hideung mun eleh ku kitu2 wae mah. Waktu manehna kurang sadar
salila sababaraha detik; manehna gancang reflex 
ngagedigkeun sikuna ka na  suku si
Setan Alas Kobar ! 


Atuh duanana
oge ting koloyong; sabab papada kakeunaan. 


Mawar
hideung jeung Si Setan Alas Kobar; ayeuna tarungna beuki waspada.Nyata na
gebrakan eta kaciri, yen memang Si Setan Alas Kobar boga pangalaman; tapi soal
kawani jeung nekad, eta milik si Mawar Hideung ! 


Nu matak Si
Setan Alas Kobar teu wani gagabah; salah2 matak jadi rugi gede. Enyaan beuki 
serius
wae Si Setan Alas Kobar nyanghareupan Mawar Hideung teh.    


Akhirna
duanana ayeuna mah geget pisan; ngadu kadigjayan, ngadu kakesitan, jeung ngadu
tanaga jerona. Jeung oge ngadu jurus dina gerak nu nyata; jadi lain wungkul
gerak tipu cara dina gebrakan mimiti; ieu mah estu patukeur serangan jeung 
gempuran
bari jeung ngadu kacerdasan oge di na nyieun rupa2 tipuan nu kakara kapanggih
waktu keur tarung eta. Walhasil sanggeus saratusan jurus , duanana kaciri masih
geget masih tanding, 


Setan Alas
Kobar ayeuna nyoba deui ngahaja ngagencer ku jurus2 Pleredan ditambah Jurus
Angin Lesus; ieu teh Jurus simpenan motekar manehna, can ngajaran dipake
ka  nu sejen mah, ieu memang rada nguras
tanaga; tapi lamun teu ku jurus eta, hese ngelehkeun Mawar Hideung.HANCA
 

Kirim email ke