atawa MU lawan Chelsea
--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> mun na menbal mah ibarat madrid vs barca lah...:)
>
>
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda
> <[email protected]>
> Dikirim: Kamis, 30 Agustus 2012 5:43
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 269
>
>
> Â
> Serangan
> ayeuna nu dilakukeun ku Si Setan Alas Kobar; make jurus kombinasi nyorowok di
> Kidul; tapi beunang di Wetan, ieu ge salah sahiji jurus tipuan.
>
> Ku panonna
> nu awas Mawar Hideung ngarti, yen eta serangan teh tipuan tapi ku manehna ge
> dilayanan; lantaran nu Ilmu Silatna model Si Setan Alas kobar; enya ge tipuan,
> tapi mun manehna teu waspada eta jurus tipuan, bisa jadi jurus saenyana.
>
>
> Nu
> matak Mawar Hideung ngalayanan, kalawan nurutkeun naon nu dipikahayang ku Si
> Setan Alas Kobar.
>
> Si Setan
> Alas Kobar, bungah nyangka yen jurus tipuanana ayeuna mah hasil; tapi teu
> kanyahoan di ahir jurus Mawar Hideung ngobah saeutik jurusna; tina ngasup an
> ka
> na dada jadi ngasupan ka na harigu !
>
> Kaget si
> Setan Alas kobar; padahal manehna geus nyiapkeun jurusna pikeun malincet
> tinggangan musuh ka na dada; bari sakalian males ku jurus nu leuwih kuat deui;
> tapi ditengah jalan teu disangka Mawar Hideung; bisa kesit kitu; ngobah
> jurusna; atuh rada kaget si Setan Alas Kobar.
>
> Tapi manehna
> lain ge Si Setan Alas Kobar, mun ku kitu2 wae kadesek mah; manehna gancang
> ngulawing ka kenca sirah jeung hariguna malincet; ayeuna posisina jadi tanggah
> ka luhur; sakalian suku nu katuhuna najong ka hareup.
>
> Plak ! Mani
> tepat pisan sukuna najong ka na leungeun katuhu Mawar Hideung.
>
> Mawar
> Hideung waktu harita teu bisa nyingcet deui, lantaran nyangka bakal hasil
> nonjok harigu si Setan Alas Kobar; karasa leungeunna rada nyeri katajong; tapi
> lain ge Mawar Hideung mun eleh ku kitu2 wae mah. Waktu manehna kurang sadar
> salila sababaraha detik; manehna gancang reflex ngagedigkeun sikuna ka naÂ
> suku si
> Setan Alas Kobar !
>
> Atuh duanana
> oge ting koloyong; sabab papada kakeunaan.
>
> Mawar
> hideung jeung Si Setan Alas Kobar; ayeuna tarungna beuki waspada.Nyata na
> gebrakan eta kaciri, yen memang Si Setan Alas Kobar boga pangalaman; tapi soal
> kawani jeung nekad, eta milik si Mawar Hideung !
>
> Nu matak Si
> Setan Alas Kobar teu wani gagabah; salah2 matak jadi rugi gede. Enyaan beuki
> serius
> wae Si Setan Alas Kobar nyanghareupan Mawar Hideung teh. Â
>
> Akhirna
> duanana ayeuna mah geget pisan; ngadu kadigjayan, ngadu kakesitan, jeung ngadu
> tanaga jerona. Jeung oge ngadu jurus dina gerak nu nyata; jadi lain wungkul
> gerak tipu cara dina gebrakan mimiti; ieu mah estu patukeur serangan jeung
> gempuran
> bari jeung ngadu kacerdasan oge di na nyieun rupa2 tipuan nu kakara kapanggih
> waktu keur tarung eta. Walhasil sanggeus saratusan jurus , duanana kaciri
> masih
> geget masih tanding,
>
> Setan Alas
> Kobar ayeuna nyoba deui ngahaja ngagencer ku jurus2 Pleredan ditambah Jurus
> Angin Lesus; ieu teh Jurus simpenan motekar manehna, can ngajaran dipake
> ka nu sejen mah, ieu memang rada nguras
> tanaga; tapi lamun teu ku jurus eta, hese ngelehkeun Mawar Hideung.
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/