mun na menbal mah ibarat madrid vs barca lah...:)
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 30 Agustus 2012 5:43 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 269 Serangan ayeuna nu dilakukeun ku Si Setan Alas Kobar; make jurus kombinasi nyorowok di Kidul; tapi beunang di Wetan, ieu ge salah sahiji jurus tipuan. Ku panonna nu awas Mawar Hideung ngarti, yen eta serangan teh tipuan tapi ku manehna ge dilayanan; lantaran nu Ilmu Silatna model Si Setan Alas kobar; enya ge tipuan, tapi mun manehna teu waspada eta jurus tipuan, bisa jadi jurus saenyana. Nu matak Mawar Hideung ngalayanan, kalawan nurutkeun naon nu dipikahayang ku Si Setan Alas Kobar. Si Setan Alas Kobar, bungah nyangka yen jurus tipuanana ayeuna mah hasil; tapi teu kanyahoan di ahir jurus Mawar Hideung ngobah saeutik jurusna; tina ngasup an ka na dada jadi ngasupan ka na harigu ! Kaget si Setan Alas kobar; padahal manehna geus nyiapkeun jurusna pikeun malincet tinggangan musuh ka na dada; bari sakalian males ku jurus nu leuwih kuat deui; tapi ditengah jalan teu disangka Mawar Hideung; bisa kesit kitu; ngobah jurusna; atuh rada kaget si Setan Alas Kobar. Tapi manehna lain ge Si Setan Alas Kobar, mun ku kitu2 wae kadesek mah; manehna gancang ngulawing ka kenca sirah jeung hariguna malincet; ayeuna posisina jadi tanggah ka luhur; sakalian suku nu katuhuna najong ka hareup. Plak ! Mani tepat pisan sukuna najong ka na leungeun katuhu Mawar Hideung. Mawar Hideung waktu harita teu bisa nyingcet deui, lantaran nyangka bakal hasil nonjok harigu si Setan Alas Kobar; karasa leungeunna rada nyeri katajong; tapi lain ge Mawar Hideung mun eleh ku kitu2 wae mah. Waktu manehna kurang sadar salila sababaraha detik; manehna gancang reflex ngagedigkeun sikuna ka na suku si Setan Alas Kobar ! Atuh duanana oge ting koloyong; sabab papada kakeunaan. Mawar hideung jeung Si Setan Alas Kobar; ayeuna tarungna beuki waspada.Nyata na gebrakan eta kaciri, yen memang Si Setan Alas Kobar boga pangalaman; tapi soal kawani jeung nekad, eta milik si Mawar Hideung ! Nu matak Si Setan Alas Kobar teu wani gagabah; salah2 matak jadi rugi gede. Enyaan beuki serius wae Si Setan Alas Kobar nyanghareupan Mawar Hideung teh. Akhirna duanana ayeuna mah geget pisan; ngadu kadigjayan, ngadu kakesitan, jeung ngadu tanaga jerona. Jeung oge ngadu jurus dina gerak nu nyata; jadi lain wungkul gerak tipu cara dina gebrakan mimiti; ieu mah estu patukeur serangan jeung gempuran bari jeung ngadu kacerdasan oge di na nyieun rupa2 tipuan nu kakara kapanggih waktu keur tarung eta. Walhasil sanggeus saratusan jurus , duanana kaciri masih geget masih tanding, Setan Alas Kobar ayeuna nyoba deui ngahaja ngagencer ku jurus2 Pleredan ditambah Jurus Angin Lesus; ieu teh Jurus simpenan motekar manehna, can ngajaran dipake ka nu sejen mah, ieu memang rada nguras tanaga; tapi lamun teu ku jurus eta, hese ngelehkeun Mawar Hideung. HANCA
