jigana eta tilu sinar nu ngabelesat teh peso nu dialungkeun make tanaga jero nya bah...
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 30 Agustus 2012 16:51 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 270 Mawar Hideung ngarasa aya tekenan anu beurat; dadana ngarasa rada sesek; gancang wae Mawar Hideung narik nafas panjang, bari nyoba ngalayanan eta jurus2 nu matak ngajungkelkeun ka manehna; manehna salto sababaraha kali, pikeun nganetralisir eta serangan. Hasilna ! Plak ! aduh ! plok ! dua pihakanana mundur bari rada ngahegak; nyata eta jurus lain ngan ukur nguras tanaga sorangan; tapi nguras tanaga lawan oge. Duana sarua pada kakeunaan; Mawar Hideung kasabet pingpingna; mani karasa rada pegel didaerah pingping, nu ngalantarankeun gerakna jadi kurang laluasa deui. Sedengkeun si Setan Alas kobar kasabet pisan mamarasna; nya eta palipis; atuh rada kokoloyongan , lantaran pusing. Itu ieu ngajauhan ti lawanna; lantaran masing2 sieun aya serangan susulan. Tapi nyata duanana ge teu wani nyerang deui; maranehna ngatur napas; lantaran bieu ngajalankeun jurus nu Kacida beuratna; boh keur dirina; boh keur lawanna. Mawar Hideung bari mundur; gancang ngaluarkeun ubar balur keur ngusap pingpingna supaya ulah karasa pegel teuing; sedengkeun Si Setan Alas Kobar; keukeureunceuman; lantaran panenjona rada asa kaganggu ku sabab palipisna telek pisan katinggang ku sisi tapak leungeun Mawar Hideung. Mangkaning duanana oge make tanaga jero nu lumayan. Paling henteu 6 bagian tanaga nu dikuras di na tarung nu bieu. Mawar Hideung ayeuna ngarasa amarah; terus we maju nyamber ka Setan Alas Kobar; Setan Alas Kobar ayeuna mah teu nyangka serangan sakitu nekadna ti Mawar Hideung manehna kacida bungahna; terus we masang kuda2 bari ngerahkeun 8 bagian tanaga jerona ! eta hartina Si Setan Alas Kobar nyadiakeun badanna supaya katinggang ku Mawar Hideung; tapi bari males ku tanaga jero nu hebat pisan; salah2 Mawar Hideung bakal cilaka. Tapi ayeuna mah Si Setan Alas Kobar enyaan salah sangka; sabab Mawar Hideung ditengah jalan ngarobah jurusna jadi Salto terus ngagibaskeun leungeunna; tilu sinar nyerang ka Setan Alas Kobar ! HANCA
