Leres teu kapindo damel, kulan. Hahaha
--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> jigana eta tilu sinar nu ngabelesat teh peso nu dialungkeun make tanaga jero
> nya bah...
>
>
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda
> <[email protected]>
> Dikirim: Kamis, 30 Agustus 2012 16:51
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 270
>
>
> Â
> Mawar
> Hideung ngarasa aya tekenan anu beurat; dadana ngarasa rada sesek; gancang wae
> Mawar Hideung narik nafas panjang, bari nyoba ngalayanan eta jurus2 nu matak
> ngajungkelkeun ka manehna; manehna salto sababaraha kali, pikeun nganetralisir
> eta serangan.
>
> Hasilna !
> Plak ! aduh ! plok ! dua pihakanana mundur bari rada ngahegak; nyata eta
> jurus lain
> ngan ukur nguras tanaga sorangan; tapi nguras tanaga lawan oge.
>
> Duana sarua
> pada kakeunaan; Mawar Hideung kasabet pingpingna; mani karasa rada pegel
> didaerah pingping, nu ngalantarankeun gerakna jadi kurang laluasa deui.
> Sedengkeun si Setan Alas kobar kasabet pisan mamarasna; nya eta palipis; atuh
> rada kokoloyongan , lantaran pusing.
>
> Itu ieu
> ngajauhan ti lawanna; lantaran masing2 sieun aya serangan susulan. Tapi nyata
> duanana ge teu wani nyerang deui; maranehna ngatur napas; lantaran bieu
> ngajalankeun jurus nu Kacida beuratna; boh keur dirina; boh keur lawanna.
> Mawar
> Hideung bari mundur; gancang ngaluarkeun ubar balur keur ngusap pingpingna
> supaya ulah karasa pegel teuing; sedengkeun Si Setan Alas Kobar;
> keukeureunceuman; lantaran panenjona rada asa kaganggu ku sabab palipisna
> telek
> pisan katinggang ku sisi tapak leungeun Mawar Hideung. Mangkaning duanana oge
> make tanaga jero nu lumayan. Paling henteu 6 bagian tanaga nu dikuras di na
> tarung nu bieu.
> Mawar
> Hideung ayeuna ngarasa amarah; terus we maju nyamber ka Setan Alas Kobar;
> Setan
> Alas Kobar ayeuna mah teu nyangka serangan sakitu nekadna ti Mawar Hideung
> manehna kacida bungahna; terus we masang kuda2 bari ngerahkeun 8 bagian tanaga
> jerona ! eta hartina Si Setan Alas Kobar nyadiakeun badanna supaya katinggang
> ku Mawar Hideung; tapi bari males ku tanaga jero nu hebat pisan; salah2 Mawar
> Hideung bakal cilaka.
>
> Tapi ayeuna
> mah Si Setan Alas Kobar enyaan salah sangka; sabab Mawar Hideung ditengah
> jalan
> ngarobah jurusna jadi Salto terus ngagibaskeun leungeunna; tilu sinar nyerang
> ka Setan Alas Kobar !
>
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/